13
karoegian, eta koedoe diheulakeun moelangkeun barang djeung ngaganti karoegian heula, lamoen bandana noe dihoekoem teu tjoekoep.
Art. 24. Poetoesan perkara hoekoeman hal kasalahan koedoe dioewarkeun koe kapala nagara dina enggonna noe pangbehdijeuna ditjitjingan koe noe meunang hoekoeman tea.
Atoerannana ngoewarkeun ditangtoekeun koe Kangdjĕng Toewan Besar Gouverneur-Generaal.
PASAL IV.
Hal migawe kasalahan pamindona
Art. 25. Lamoen aja djělěma geus meunang hoekoeman hoekoem pati atawa kerdja paksa make atawa teu make rante noe lilana leuwih ti satahoen, geus kitoe pek deui bae migawe kasalahan, eta hoekoeman noe bareto matak djadi tambah beurat kana timbangan ajeuna, mana hakim dina ngeunakeunnana hoekoeman koedoe ngingětkeun kana hoekoeman bareto tea.
Dina pěrkara saroepa kitoe, hakim wěnang nambahan sapĕrtigana tina panglilana hoekoeman kěrdja paksa.
Art. 26. Katangtoean noe aja dina artikel loehoereun ijeu dikeunakeun oge, lamoen eta sakitan barelo enggens dihoekoeman koe hakim militair:
- koe hoekoeman salah sahidjina noe kasěkoet dina hal mimiti artikel tadi, lantaran kasalahan (misdrijf),
- koe hoekoeman noeroet wet militair, lantaran kasalahan anoe dina wet hoekoeman bakoe ditangtoekeun pimeunangeun hoekoem pati atawa kěrdja paksa make rante,
- koe hoekoeman milatair njorong gorobag atawa ĕresan