Ieu kaca geus diuji baca
14
militair atawa hoekoeman militair diboei lilana leuwih ti satahoen, anoe geus ditangtoekeun dina wet hoekoeman. bakoe pimeunangeun hoekoeman kěrdja paksa teu make rante lila-lilana lima tahoen.
PASAL V.
Hal sakait.
Art. 27 Noe miloe migawe kasalahan atawa ngalanggar larangan, meunang hoekoeman saroea bae djeung noe migawe pisan, kadjaba lamoen aja katangtoean anoe hoesoes jen lain kitoe.
Ijeu katangtoean djeung noe aja dina Pasal ijeu henteu keuna ka noe ngalanggar larangan soerat atoeran politie.
Art. 28. Ari noe miloe migawe kasalahan atawa ngalanggar larangan sarta noe pimeunangeun hoekoeman, nja eta:
- noe nitah njieun kasalahan atawa nitah ngalanggar larangan koe roeroeba, koe pasanggoepan, koe njingsieunan, koe mětakeun kakawasaännana, koe akal-akal atawa koe ngabobodo, atawa koe noedoehan djalanna migawena eta kasalahan atawa langgar larangan,
- noe mere pakarang, parabot atawa naon-naon bae, sarta njaho jen eta gawena baris migawe kasalahan atawa ngalanggar larangan, sahutiti medal nommeland
- noe noeloeng kana migawe kasalahan atawa ngalanggar larangan, toer manehna njahoeun jen eta pagawean kasalahan atawa ngalanggar larangan, sarta panoeloengna matak sadia, matak tambah babari atawa matak djadi pisan migawena kasalahan atawa ngalanggar larangan tea. Kitoe deui henteu dikoerangan hoekoeman noe ngadjak djělěma rea atawa nga-