Lompat ke isi

Kaca:Boekoe wet hal pangadilan hoekoeman baris oerang priboemi di Indië-Nederland.pdf/21

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

15

hatean, soepaja ngaroesoehkeun atawa ngaraman noe matak ngobahkeun kakĕrtaän Indië Nederland di loear atawa di djěro, sanadjan ngaramanna atawa ngaroesoehkeunnana teu aja ka djadjadiannana,

4. noe ngomong dina enggon koempoelan kadenge koe djělěma rea, atawa napělkeun soerat lain tjitak dina ĕnggon koempoelan djalma, atawa eta soerat didjoealan atawa didoeoemdoeoem, soepaja njaliara, noe matak ngobahkeun djělěma rea kana njieun kasalahan atawa ngalanggar larangan.

Ijeu katangtoean anoe bijeu keuna oge ka noe ngobahkeun njieun kasalahan atawa langgar larangan, sanadjan kasalahannana atawa langgar larangannana ngan kakara prak ditjoba bae, lamoen eta panjobana geus beunang dihoekoeman. Oepama pangobahkeunnana (noesoek-noesoekna) henteu pisan aja kadjadjadiannana, eta hoekoemannana didengda oewang lina lima poeloeh nepi ka saratoes roepia atawa lamoen aja noe matak beurat pěrkarana dihoekoem kerdja paksa teu make rante lilana tina gěněp poë nepi ka gěněp boelan.

Art. 29. Noe salawasna mondokkeun, atawa mere salalawasna ĕnggon pikeun njoempoet, atawa keur koempoelannana ka djělěma, noe manehannana njaho jen begal atawa noe ngaroesoehkeun kakĕrtaän Indië Nederland atawa rek tělĕngěs ka noe sedjen atawa ngagampang bandana, eta noe kitoe hoekoemannana saroea djeung noe sakait.

Art. 30. Noe ngampihan barang-barang noe manehannana njaho beunang maling, atawa barang noe henteu ditepikeun ka noe boga hak eta barang, atawa barang noe kapiboga koe djalan kasalahan atawa djalan ngalanggar larangan, eta hoekoemannana saroea keneh djeung noe sakait.