Lompat ke isi

Kaca:Boekoe wet hal pangadilan hoekoeman baris oerang priboemi di Indië-Nederland.pdf/26

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

20

BOEKOE KADOEA.

HAL ROEPA-ROEPA KASALAHAN DJEUNG

NGALANGGAR LARANGAN.

PASAL I.

Hal kasalahan djeung ngalanggar perkara nagara (algemeene zaak).

BAB I.

Hal kasalahan kana kakertaan Indië Nederland.

BAGIAN I.

Hal kasalahan kana kakertaän ti loear Indië Nederland.

Art. 39. Saha-saha noe estoe oerang priboemi, noe měrangan ka Indië Nederland, dihoekoeman hoekoem pali.

Art. 40. Saha-saha noe rěrěmpoegan atawa badami djeung radja-radja sedjen, djeung radja-radja Indië atawa djeung abdi-abdina atawa djeung wakil-wakilna eta radja, ngawoedjoek soepaja moemoesoehan atawa měrangan ka Indië Nederland, atawa mere parabot-parabotna pěrang, eta dihoekoem pati, sanadjan pangrěrěmpoegannana atawa badamina henteu djadi moemoesoehan atawa teu djadi pĕrang.

Art. 41. Kitoe deui dihoekoem pati, saha-saha noe rěrěmpoegan atawa badami djeung moesoeh, soepaja gampang datangna eta moesoeh ka tanah bawahan Indie Nederland, atawa mikeun kota-kota, benteng-benteng, tempat-tempat, tempat-tempat perang, palaboean-palaboean, goedang-goedang parabot pěrang, kapal atawa parahoe kagoengan Gouvernement, atawa noeloengan mere atawa mangnjiarkeun soldadoe, djělěma