baris soldadoe, oewang, běběkělan, pakarang atawa paparabotan perang, atawa noeloengan kana kamadjoean měrangannana Indië Nederland, saperti ngobahkeun kasetjaän wadia bala daratan djeung wadia bala laoetan Indië Nederland, ngobahkeun kasětjaännana officierna atawa soldadoe, matroos-matroos djeung djalan djaba ti eta.
Art. 42. Oepama aja noe rěrěmpoegan djeung bangsa moesoeh, taja niatna goreng saperti noe kasěboet dina artikel loehoereun ijeu, kajaning ngabedjakeun ka moesoeh tea kaäjaännana wadia bala, atawa kaäjaäanna nagara Indië Nederland, noe matak roegi ka nagara atawa balad-balad Indië Nederland atawa radja-radja di bawahna, eta noe rěrěmpoegan kitoe dihoekoem kěrdja paksa teu make rante tina doea něpi ka lima tahoen, kadjaba ti siksaän noe leuwih beurat lamoen bedja eta asalna beunangna koe akal saperti djadi mata-mata.
Art. 43. Hoekoeman anoe disěboet dina artikel 40 djeung 41, saroewa bae dikeunakeunnana ka noe boga kasalahan saroepa kitoe ka radja-radja noe ngabantoe Indië Nederland měrangan moesoeh atawa ka noe boga kasalahan saroepa kitoe ka Indië Nederland pisan.
Art. 44. Saha-saha noe teu keuna koe wet militair, ngawoedjoek ka militair, sarta boekti niatna soepaja eta militair minggat pindah djadi wadia bala daratan atawa laoetan bangsa sedjen, atawa noeloengan pindahna, toer njaho jen bakal pindah ka bangsa sedjen tea, eta dihoekoem kěrdja paksa make rante lilana tina lima nepi ka sapoeloeh tahoen.
Art. 45. Saha-saha noe teu keuna koe wet militair, kadjaba noe disěboet dina artikel loehoereun ijeu, ngawoedjoek solda-