Lompat ke isi

Kaca:Boekoe wet hal pangadilan hoekoeman baris oerang priboemi di Indië-Nederland.pdf/28

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
22

doe laoetan atawa daratan saoerang atawa leuwih, pëtana ngawoedjoek koemaha bae, atawa ngahadja noeloengan koe djalan naon bae, soepaja minggat, atawa ngagampkenn paminggatna, atawa ngahadja mere saratna minggat, atawa ngampihan, atawa mondokkeun anoe minggat, toer njaho, atawa mindahkeun militair kana barisan sedjen sarta make ngaran sedjen atawa ngaran djidjieunan, atawa make djalan tipoe daja lian ti eta, eta noe kitoe dihoekoem dëngda oewang reana tina saratoes nepi ka lima raloes roepia, atawa timbang-timbang kana enteng beuratna perkara dikërdja paksa teu make rante lilana tina tiloe boelan nepi ka satahoen.

Art. 46. Sagala ambtenaar noe njekel kawasa, sagala wakil-wakilna Gouvernement atawa saha bae, noe dipertjaja njimpen atawa ditjaritaän rasiah hal rërempoegan atawa rasiah piniateun, tina sabab pangkatna atawa pagaweannana dienst pangnadipërtjaja, karï-kari dibedjakeun ka moesoeh atawa ka sedjen bangsa atawa ka wakilna moesoeh tea, eta meunang hoekoeman hoekoem pati.

Art. 47. Sagala ambtenaar noe njëkël kawasa, sagala wakil Gouvernement atawa saha bae, noe didawoehan koe Gouvernement ngoeroes hidji pagawean sarta dipiwarang ngampihan kaart atawa gambar benteng, kaart imah parabot përang atawa kaart palaboean, lamoen eta kaart atawa gambar sahidji atawa leuwih dibikeun ka moesoeh, eta dihoekoem pati.

Ari noe mikeun eta kaart ka sedjen bangsa ka noe teu daek miloe tjampoer hal paprangannana atawa noe djadi sobat Gouvernement atawa ka wakilna, eta dihoekoem kerdja paksa teu make rante lilana tina doea nepi ka lima tahoen.