Lompat ke isi

Kaca:Boekoe wet hal pangadilan hoekoeman baris oerang priboemi di Indië-Nederland.pdf/29

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
23

Art. 48. Saha-saha noe ngabogaän eta kaart atawa gambar noe kasěboet di loehoer koe djalan roeroeba, beunang nipoe atawa beunang paksa piroesa, geus kitoe eta kaart atawa gambar dibikeun ka bangsa sedjen atawa moesoeh, atawa ka wakilna, eta hoekoemannana saroea djeung ambtenaar-ambtenaar sarta djaba ti eta noe kasěboet dina artikel loehoereun ijeu, katoet beda-bedana.

Oepama pangbogana eta kaart lain koe akal goreng, sarta eta kaart dibikeun, lamoen mikeunna tjara hal mimiti artikel 47, hoekoemannana dikěrdja paksa make rante lilana tina lima něpi ka lima wělas tahoen; lamoen mikeunna tjara hal kadoea artikel 47, hoekoemannana dikěrdja paksa teu make rante lilana tina tiloe něpi ka lima tahoen.

Art. 49. Saha-saha noe njoempoetkeun atawa nitah njoempoetkeun soldadoe mata-mata moesoeh, atawa soldadoe noe dititah koe moesoeh mariksa (ngadjadjangkoeng), toer njaho jen anoe kitoe, eta dihoekoem hoekoem pati.

Art. 50. Saha-saha noe sasatron teu karana idin Gouvernement datang ka bisa mawa-mawa perang nagara Nederland atawa Indië Nederland, eta dihoekoem kerdja paksa teu make rante lilana tina doea nepi ka lima tahoen, tapi oepama estoe datang ka djadi perangna koe lantaran eta, hoekoemannana dikěrdja paksa make rante lilana tina lima něpi ka lima wělas tahoen.

Art. 51. Saha-saha noe boga kalakoean moemoesoehan teu karana idin Gouvernement, datang ka bangsa Nederland atawa oerang Indië Nederland diarah koe bangsa sedjen, eta dihoekoem kĕrdja paksa teu make rante tina doea něpi ka lima tahoen..