Lompat ke isi

Kaca:Boekoe wet hal pangadilan hoekoeman baris oerang priboemi di Indië-Nederland.pdf/30

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

24 BAGIAN I I .

Hal kasalahan kana kakĕrtaän noe di djĕ'uro Indiĕ Nederland.

Art. 52. Ngalawan atawa rĕrĕmpoegan niatna ngaroeboehkeun atawa ngaganti Gouvernement, atawa ngobahkcun eusi nagara soepaja ngalawaii koe pakarang ka noe kawasa di Indië Nederland, eta noe kitoe dihoekoem pati.

Art. 53. Kitoe deui dihoekoem pati, saha-saha noe ngalawan atawa rĕrĕmpoegan, ngahoedangkenn pĕpĕrangan nagara, kajaning oerang nagara dibere pakarang soepaja pĕrang djeung pada batoer, atawa ngawoedjoek datang ka prakna kitoe, atawa ngaroeksak barang-barang, atawa ngabasmi pati, atawa ngarampas dina hidji ĕnggon atawa leuwih.

Art. 54. Saha-saha noe niat sapĕrti noe kasĕboet dina artikel doea tadi, sarta hĕnteu karana meunang parentah atawa kawasana noe kawasa wani-wani ngoempoelkeun balad atawa nitah ngoempoelkeun, atawa neangan soldadoe atawa nitah neangan, atawa mere pakakas atawa parabot perang ka noe boga niat kitoe, eta oge dihoekoem pati.

Art. 55. Ari noe disĕboet ngalawan (aanslag), nja eta oepama geus migawe atawa geus mimiti migawe kasalahan anoe kasĕboet dina artikel 52 djeung 55, sanadjan eta kasalahan hĕnteu datang ka djadina pisan oge.

Art. 56. Rĕrĕmpoegan (samenspanning) nja eta njieun pĕrdjangdjian djeung hidji djĕlĕma atawa leuwih, sanadjan latjan prak ngalawanna noe kasĕboet dina artikel loehoereun ijeu,