23
Art. 57. Oepamana tatjan djadi rĕrĕmnpoegannana, tapi geus aja pangadjakna, ngan teu digoegoe, bal rek njieun kasalahan anoe kasĕboet dina artikel 52, noe ngadjak meunang hoekoeman kĕrdja paksa teu make rante lilana tina doea nĕpi ka lima lahoen.
Art. 58. Saha-saha noe wani ngapalaän hidji koempoelan wadia balâ gĕde atawa leutik, atawa bala laoetan, atawa sabagian bala laoetan,atawa hidji kapal pĕrang, hidji benteng,hidji ĕnggon soldadoe, hidji palaboean atawa kota, toer pangwani-wanina ngapalaän hĕnteu aja paidin parentah atawa ten boga hakna, sarta saha-saha noe ngapalaän keneh pĕpĕrangan, djeung saha-saha kapala pĕrang noe masih ngoempoelkenn keneh soldadoena, toer gens didawoehan boebar koe Gouvernement, eta noe kitoe dihoekoem pati.
Art. 59. Saha-saha noe ngadoeroek atawa ngaroeksak koe digangsir diteundeunan obat wawangoenan, goedanggoedang, goedang-goedang parabot pĕrang, kapal atawa djaba ti eta kagoengan Gouvernement, eta dihoekoem pati.
Art. 60. Saha-saha noe djadi kapala hidji koempoelan noe make pakarang, atawa noe miloe ngoeroes dina eta koempoelan, atawa noe mere parentah, niatna rek ngarampas tanah-tanah, barang-barang atawa oewang, ĕnggon-ĕnggon, kota-kota, benteng-benteng, ĕnggon-ĕnggon soldadoe, goedang-goedang, goedang-goedang parabot pĕrang, palaboean-palaboean, kapal-kapal atawa parahoe kagoengan Gouvernement, atawa sĕdjana rek ngarampas milik nagara djeung rek didoeoemkeun, atawa sĕdjana rek ngaroeroeg atawa ngalawan ka noe kawasa, noe eukeur didawoeban ngadjaga noe milampah kasalahan kitoe, eta noe kitoe dihoekoem pati.