Lompat ke isi

Kaca:Boekoe wet hal pangadilan hoekoeman baris oerang priboemi di Indië-Nederland.pdf/32

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

26

Ijeu hoekoeman keuna oge ka saha-saha noe ngoeroes eta koempoelan, noe neangan atawa nitah neangan djalma baris eta koempoelan, noe ngatoer atawa nitah ngatoer, atawa noe mere pakaraug. parabot pěrang atawa paparabotan baris migawe eta kasalahan, atawa mere běběkělan, toer manehna njaho djeung ngahadja, atawa saha-saha noe sakait djeung noe ngapalaän atawa noe ngawasa eta koempoelan.

Art. 61. Oepama hidji kasalahan atawa leuwih anoe disěboet dina artikel 52 djeung 55 dipigawena koe hidji koempoelan, henteu dibedakeun gěde leutikna bangsana atawa pangkatna djalma noe aja didinja, sakoer noe miloe mah kana eta koempoelan djeung sakoer noe katjěkěl dina ĕnggon koempoelan roesoeh tea, nja eta kabeh dihoekoem pati. Hoekoem eta dikeunakeun ka sing saha noe ngatoer eta roeroesochan atawa noe boga pangkat dina eta koempoelan, sanadjan henteu katjěkěl dina ĕnggon koempoelan roesoeh tea oge.

Art. 62. Lamoen aja koempoelan roesoeh, maksoedna rek migawe hidji kasalahan atawa leuwih djaba ti noe kasěboet dina artikel 52 djeung 53, eta saha-saha noe kaäsoep kana eta koempoelan, tapi teu njěkěl pangkat atawa leu marentah dina eta koempoelan, sarta katjěkěl dina ĕnggon koempoelan, eta hoekoemannana dikerdja paksa make rante lilana tina lima něpi ka lima wělas tahoen.

Art. 63. Saha-saha noe mondokkeun, noe mere ĕnggon panjoempoetan atawa paranti ririoengannana koempoelan anoe disěboet di loehoer, henteu karana dipaksa, toer njaho mak- soedna eta koempoelan, noe kitoe dihoekoem kerdja paksa make rante lina lima nepi ka lima wělas tahoen.