Art, 64. Saha-saha noe tjampoer kana eta koempoelan roesoeh tea, tapi hĕnteu miloe njĕkĕl gawe atawa parentah, sarta barang sakali diingĕtan koe parentah nagara atawa parentah militair atawa mangkena ngageuwat njingkah tina eta koempoelan, djadi katjĕkĕlna lain di ĕnggon koempoelan tea, sarta waktoena ditjĕkĕl hĕnteu ngalawan djeung hĕnteu make pakarang, eta hĕnteu meunang hoekoeman lantaran eta karoesoehan.
Kadjaba lamoen manehna pribadi ngalampahkeun kasalahan atawa ngalanggar larangan, eta mah meunang hoekoeman lantaran lampahna pribadi bae.
Art. 65 Noe disĕboet pakarang dina boekoe wet ijeu, nja eta sagala parabot anoe matak raheut, noe seukeut djeung noe matak geuneuk. — Dĕmi pakarang saroepa kitoe noe sok dipake sapopoë kajaning peso raoet, peso pena, goenting djeung hoë hĕnteu kaäsoep kana pakarang, kadjaba lamoen eta pakarang dipake maehan, ngaraheutan atawa neunggeul.
Art. 66. Noe ngawoedjoek soepaja milampah kasalahan noe disĕboet dina Bagian ijeu, nja eta noe kaäsoep sakait bae tjara noe kasĕboet dina artikel 28 no. 4, lamoen pangsakaitna taja kadjadjadïannana, eta dihoekoem kĕrdja paksa teu make rante lilana tina doea nĕpi ka lima tahoen.
BAGIAN III.
Hal ngawaktjakeun djeung teu ngawaktjakeun kasalahan kana kakĕrtaän noe ti loear djeung noe di djĕro Indië Nederland.
Art. 67. Saha-saha noe njaho jen aja rĕrĕmpoegan atawa kasalahan, noe disĕdjakeun rek ngaroeksak kakĕrtaän noe