katna, lapi ngan sakoer pĕrkara noe dipĕrtjajakeun ka manehna sabab eta bae, dĕmi lain noe sabab ela mah, tangtoe manehna koedoe ngalaporkeun sakoemaha noe kasĕboet dina artikel loehoereun ijeu.
Art. 69. Siksaan baris noe boga dosa rĕrĕmpoegan atawa kasahaban djaba ti eta noe ngaroeksak kakĕrtaän li loear djeung di di djĕro Indië Nederland, hĕnteu dikeunakeun ka noe pangheulana ngageuwat ngalaporkeun eta rĕrĕmpoegan atawa kasalaban djeung ngalaporkeun noe boga dosana djeung noe sakaitna ka noe kawasa sapĕrti disĕboet dina artikel 67, samemeh prak djadi eta kasalahan atawa samemeh prak ditjoba eta kesalahan djeung samemeh dipariksa pĕrkarana, atawa ka noe djadi lantaran matak katangkĕp noe boga dosa atawa noe sakaitna, sanadjan ĕnggens mimiti dipariksa pĕrkarana oge.
BAGIAN II.
Hal kasalahan djeung ngalanggar larangan katĕtĕpan oeroesan nagara.
BAGIAN I.
Hal kasalahan mĕgalan noe milih pikapalaeun.
Art. 70. Oepama aja hidji djĕlĕma atawa leuwih hĕnteu djadi mĕtakeun hakna milih pikapalaeunnana, tina sabab aja noe ngarĕmpoeg ngahalangan kana karĕpna rek milih tea, atawa koe tanaga atawa koe disingsieunan, eta sakoer noe bago dosa meunang hoekoeman dikĕrdja paksa teu make rante lilana sakeudeung-keudeungna gĕnĕp boelan lila-lilanan doea tahoen sarta teu meunang miloe milih deui sakeudeungkeudengna lima lila-lilana sapoeloeh tahoen.