paksa teu make rante tina satahoen něpi ka tiloe tahoen, diděngda atawa hěnteu reana tina sapoeloeh něpi ka lima ratoes roepia sarta ditjaboet hakna djeung kawenangannana tjara noe kaseboet dina artikel 22, kitoe deui teu dikoerangan kawadjibannana ngagantian karoegian noe diatoer dina artikel loehoereun ijeu.
Art. 78. Saha-saha cipier noe wani-wani ngaberok djělěma hěnteu meunang heula paidin ti noe kawasa, atawa hěnteu meunang heula parentah atawa poetoesan, sarta eta soerat parentah atawa poetoesan koe cipier hěnteu ditoeliskeun dina registerna, kadjaba lamoen geus tangtoe pisan jen manehna wenang ngaberok eta djělěma sabot ngadagoan dipigawena eta soerat parentah atawa poetoesan, djeung saha-saha noe teu noeroet parentah noe sah nembongkeun sakitan, toer hěnteu něrangkeun jen aja larangannana djaksa atawa fiscaal (Officier van Justitie) atawa hakim; djeung saha-saha noe hěnteu mikeun registerna diilikan koe noe boga wadjib, eta noe kitoe dihoekoem kěrdja paksa teu maka rante tina gěněp boelan něpi ka doea tahoen sarta diděngda oewang reana tina dalapan něpi ka saratoes roepia.
Ijeu hoekoeman beunang diterapkeun ka saha-saha bae noe ngaberok djělěma marga parentah kawasa nagara noeroetkeun artikel 86 wet atoeran ngĕreh tanah Indië Nederland, geus kitoe manehna hěnteu geuwat-geuwat lapor hal eta ngaberok ka fiskaal pangadilan bangsa Europa wěwěngkon ela.
Art. 79. Ambtenaar-ambtenaar noe njěkěl kawasa noe ngaboei atawa nitah ngaboei sakitan di loewareun ĕnggon noe geus ditangtockeun koe noe boga kawasa, eta dihoekoem kěrdja paksa teu make rante tina satahoen něpi ka lima tahoen