make didengda oewang atawa henteu, reana tina sapoeloeh něpi ka lima ratoes roepia sarta ditjaboet hakna djeung kawenangannana tjara noe kasěkoet dina artikel 22.
Njoba migawe ijeu kasalahan beunang dikeunaän hoekoem.
BAGIAN III.
Hal ambtenaar noe njekěl kawasa noe rěrempoegan ngalampahkeun anoe goreng.
Art. 80. Sagala rěrěmpoegan, pambrihna milampah noe salaja djeung oendang-oendang oemoem, dipigawena kadjeun koe koempoelan pangkat-pangkat atawa koempoelan kaom noe njěkěl kawasa, kadjeun koe oetoesannana atawa badamiannana, eta dihoekoem kerdja paksa teu make rante lilana tina doea nepi ka gěněp boelan, dikeunakeun ka saoerang-oerangna noe boga dosa sarta djaba ti eta beunang oge dilarang njěkěl pagawean atawa pangkat nagara, lila-lilana sapoeloeh tahoen.
Art. 81. Oepama koe djalan noe disěboet di loehoer migawe hidji atoeran, maksoedna ngahalangan kana djadina oendang-oendang oemoem atawa parentah-parentah Gouvernement, eta dihoekoem kerdja paksa teu make rante tina doea něpi ka lima tahoen.
Oepama ambtenaar nagara djeung ambtenaar militair atawa kapala-kapalana njieun badamian satadi, loeloegoena atawa noe ngadjak migawe eta dihoekoem kerdja paksa make rante tina lima nepi ka lima wělas tahoen, ari batoerna noe boga dosa dikerdja paksa teu make rante tina doea něpi ka lima tahoen.'
| 3 |