Art. 82. Oepama eta badamian maksoedna alawa kadjadjadiannana ngaroeksak kana kakertaan di sadjěro Indië Nederland, noe migawe kasalahan kitoe dihoekoem pati.
Art. 83. Saha-saha ambtenaar noe njěkěl kawasa noe marenta eureun tina pagaweannana lantaran badamian tea, maksoedna atawa kadjadjadiannana soepaja ngělatan atawa ngahalangan kana djalanna pangadilan atawa kana djalanna sedjen-sedjen pagawean dienst. eta dihoekoem kerdja paksa teu dirante tina satahoen nepi ka tiloe tahoen, didengda oewang atawa henteu reana tina sapoeloeh nepi ka lima ratoes roepia sarta ditjaboet hakna djeung kawenangannana noe kasěboet dina artikel 22.
BAGIAN IV.
Hal ambtenaar noe ngadjalankeun kakawasaan djeung ambtenaar noe njekěl pangadilan.
noe koemawasa.
Art. 84. Meunang hoekoeman:
- hakim, ambtenaar Justitie djeung ambtenaar politie noe koemawasa, kakawasaänan nangtoekeun oendang-oendang oemoem noe kasěboet dina artikel 31 wet noe nangtoekenn atoeran ngĕreh tanah Indië Nederland, saperti noe njieun soerat-soerat parentah noe koedoe ditangtoekeun dina oendang-oendang oemoem, atawa noe ngeureunan atawa noe ngělatan djadina oendang-oendang oemoem, atawa moepakat heula hal didjalankeunnana atawa henteuna eta oendang-oendang oemoem tea.