Lompat ke isi

Kaca:Boekoe wet hal pangadilan hoekoeman baris oerang priboemi di Indië-Nederland.pdf/44

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
38

samemeh dilampahkeun djeung samemeh dipěrkarakeun ngageuwat lapor ka noe boga kawasa hal eta kasalahan sarta ngalaporkeun noe boga dosana, atawa sanggeusna mimiti dipěrkarakeun, noedoehkeun djalan-djalanna njěkěl atawa nangkěp anoe boga dosa djaba ti manehna.

§ II.

Hal anoe niroe-niroe zegel, oewang kertas, soerat hoetang-pihoetang nagara, tjap-tjap kertas, tjap oekoeran takěran Gouvernement djeung noe saroepa kitoe.

Art. 93 Saha-saha noe niroe-niroe zegel Gouvernement Nederland atawa Indië Nederland atawa noe make eta zegel titiron; saha-saha noe niroe-niroe soerat hoetang-pihoetang noe dikaloearkeun koe Gouvernement make tjapna, alawa oewang kertas noe dikaloearkeun koe hidji Bank noe geus kawidian dina oendang-oendang oemoem, atawa noe make eta zegel soerat hoetang-pihoetang djeung oewang kertas titiron atawa beunang malsoe tea, toer njaho kapalsoeannana, atawa noe ngasoepkeun eta ka Indie Nederland, eta dihoekoem kěrdja paksa make rante tina lima nepi ka doea poeloeh tahoen.

Katangtoean dina artikel 57 henteu keuna kana ijeu kasalahan [1]

Katangtoean artikel 91 djeung 92 keuna kana kasalahan anoe aja dina artikel ijeu.


  1. Noeroetkeun § 11 Staatsblad 1876 n°. 174 ijen hal kadoea (alinea kadoea) artikel ijeu dieureunan, djadi ti watĕs ajeuna ijen alinea teu kapake.