Art. 94. Saha-saha noe niroe-niroe atawa malsoe hidji tjap atawa leuwih kagoengan Gouvernement atawa tjap leuweung kagoengan Gouvernement, tjap oedji perak atawa ĕmas, djeung saha-saha noe make eta kertas, soerat hoetang-pihoetang, tjap atawa zegel titiron atawa beunang malsoe tea, toer manehna njaho kapalsoeannana, eta noe kitoe dihoekoem kĕrdja paksa make rante tina lima nepi ka lima wělas tahoen.
Art. 95. Saha-saha noe ngabogaän koe djalan tjoerang tjap, zegel, tjap leuweung, tjap oedji kagoengan Gouvernement noe ĕnja, parantina dipake kana salah sahidjina noe kasěboet dina artikel loehoereun ijeu, koe manehna dipake matak djadi roegi kana hakna atawa kana kaoentoengan tanah Indië Nederland, eta dihoekoem kĕrdja paksa make rante tina lima nepi ka sapoeloeh tahoen.
Ari noe napělkeun, njamboengkeun atawa mindahkeun tjap kana barang sedjen lain bakoena atawa asalna, eta meunang hoekoeman saroea bae djeung noe ngabogaan koe djalan tjoerang sarta noe make paranti ngětjap anoe ĕnja matak djadi roegi kana hakna atawa kaoentoengan tanah Indië Nederland noe kasěboet di loehoer bijeu.
Art. 96. Saha-saha noe niroe-niroe tjap atawa tjiri noesok diterapkeun koe Gouvernement kana barang atawa dagangan, atawa noe make eta tjap titiron, toer njaho; saha-saha noe niroe-niroe zegel, tjap atawa tanda ambtenaar-ambtenaar atawa zegel tjap atawa tanda Bank particulier atawa hidji koempoelan dagang noe geus kawidian koe Gouvernement, atawa noe make eta toer njaho, dihoekoem kerdja paksa make rante lina lima nepi ka sapoeloeh tahoen.