Lompat ke isi

Kaca:Boekoe wet hal pangadilan hoekoeman baris oerang priboemi di Indië-Nederland.pdf/46

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
40

Zegel, tjap atawa tanda Bank particulier atawa koempoelan dagang noe disěboet geus kawidian teh, nja eta oepama koenoe bogana atawa koe wakilna disanggakeun sahidji zegelna, tjapna atawa tandana tea ka Kamer balantik (Kamer van Koophandel en Nijverheid) sarta ka Raad van Justitie noe ngabawah eta Bank particulier atawa koempoelan dagang tea, tapi oepama eta Bank particulier atawa koempoelan dagang lain di Indië Nederland ajana, eta koedoe kasanggakeun sahidji ka Kamer balantik sarta ka Raad van Justitie di Batawi, djeung koedoe dioewarkeun hal eta dina soerat kabar Gouvernement djeung dina soerat kabar particulier.

Art. 97. Saha-saha noe ngabogaän koe djalan tjoerang zegel, tjap atawa tanda noe estoe, parantina dipake kana salah sahidjina noe kasěboet dina artikel loehoereun ijeu, sarta koe manehna dipake matak djadi roegi kana hakna atawa kaoentoengan tanah Indië Nederland, atawa djadi roegi ka hidji ambtenaar atawa Bank particulier atawa koempoelan dagang, eta dihoekoem kěrdja paksa teu make rante tina tiloe něpi ka lima tahoen sarta ditjaboet hakna djeung kawenangannana noe kasěboet dina artikel 22.

Ari hal motjotna tina sagala pagawean Gouvernement dina hal ijeu hěnteu diwadjibkeunnana, ngan lamoen hakim ngeunakeun artikel. 37 bae.

§ III.

Hal malsoe soerat-soerat pangadilan, soerat parentah, daptar, akte djeung soerat noe sah sadjaba tidinja, soeral-soerat djoeal meuli djeung soeral soerat Bank.

Art. 98. Saha-saha ambtenaar noe njěkěl kawasa noe