44 beunang malsoe, loer njaho kapalsoeannana, eta dihoekoem roepa-roepa, nja eta:
Dikerdja paksa leu make vante lina saboelan nepi ka lima tahoen, lamoen eta soerat palsoe parentah leumpang maksoedna ngan soepaja tjaringtjingna kawasa nagara kabobodo;
Dikerdja paksa teu make rante tina doea nĕpi ka lima tahoen,lamoen kas Gouvernement datang ka majar oewang djalari ka noe njĕkĕl eta soerat palsoe parentah leumpang, toer hĕnteu wadjib meurang oewang djalan, atawa leuwih gede oewang djalanna ti batan samistina, sarta oepama eta oewang djalan noe hĕnteu wadjib dibajarkeun, koerang ti lima poeloeh roepia.
Dikĕrdja paksa make rante tina lima nĕpi ka sapoeloeh tahoen, lamoen eta oewang djalan noe teu wadjib dibajarkeun tea reana lima poeloeh roepia atawa leuwih.
Art. 110. Hoekoeman loehoereun ijeu noeroetkeun beda-bedana dikeunakeun ka saha-saha bae noe nitah ka ambtenaar noe njĕkĕl kawasa njieun soerat parentah leumpang noe make ngaran palsoe.
Art. 111. Oepama ambtenaar noe njĕkĕl kawasa waktoena mikeun soerat parentah leumpang, njaho jen eta make ngaran palsoe, eta dihoekoem :
Lamoen tjara dina hal mimiti artikel 109, dikerdja paksa teu make rante tina doea nĕpi ka lima tahoen;
Lamoen tjara hal kadoea artikel 109, dikĕrdja paksa make rante tina lima nĕpi ka sapoeloeh tahoen;
Lamoen tjara hal katiloe artikel 109, dikĕrdja paksa make rante tina lima nĕpi ka wĕlas tahoen.