Art. 214. Noe disěboet arah-arahan, nja eta oepama měgat hidji djělěma dina hidji ěnggon alawa leuwih, lila atawa sakeudeung, kadjeun rek maelian atawa rek nganiaja.
Art. 215. Noe kaasoep maehan bapa nja eta maehan dihadja ka bapa těgěs, ka indoeng těgěs djeung ka baraja těgěs djaba ti eta noe kaloehoerkeun (karoehoen těgěs noe djadi pantjěr).
Art. 216. Noe disěboet maehan anak dihadja nja eta maehan dihadja ka anak noe anjar didjoeroekeun.
Art 217. Noe disěboet ngabaroeang nja eta ngarah kana njawa djělěma koe kasiatna bidji barang, noe malak paeh gantjang barita atawa aja antarana, koemaha bae ari mětakeunnana atawa makena eta barang sarta kadjadjadiannana mah.
Art. 218. Saha-saha noe boga dosa maehan niat ti tadina djeung arah-araban, maehan bapa, djeung ngabaroeang, eta dihoekoem pati.
Art. 219. Lamoen indoeng noe hěnteu dikawin maehan anakna, eta dihoekoem oepama kakara sakali lampahna kitoe, dikerdja paksa make rante tina lima nepi ka doea poeloeh tahoen.
Dina hal ijeu artikel 57 hěnteu dikeunakeun. (1) Maehan anak dina bal djaba ti ijeu dihoekoem pati.
Art. 220. Dihoekoem saroea djeung noe maehan niat ti tadina sarta arab-aralian. lamoen djelëma-djëlëma goreng ngalampahkeunnana kasalahan make nganiaja atawa njangsara.
_______
Ijeu alinea koe Staatsblad 1876 no. 174 dieureunan, djadi ajeuna geus teu kapake.