Lompat ke isi

Kaca:Boekoe wet hal pangadilan hoekoeman baris oerang priboemi di Indië-Nederland.pdf/84

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
78

Art. 221. Maehan dihadja, kadjaba noe kasěboet dina toeloejna artikel ijeu, dihoekoem kěrdja paksa make rante tina lima nepi ka doea poeloeh tahoen

Oepama maehan dihadja dimimitian, dibarengan, atawa ditoengloengan koe sedjen kasalahan atawa langgar larangan, sarta lamoen eta maehan dihadja maksoedna soepaja sadia atawa soepaja babari ngalampahkeunnana kasalahan atawa ngalanggar larangan sedjen tea, atawa soepaja eta kasalahan atawa langgar larangan oelah kanjahoan, eta dihoekoem pati.

Lamoen maehan dihadja maksoedna lain soepaja sadia, lain soepaja babari atawa lain soepaja oelah kanjahoan pangna ngalampahkeun kasalahan atawa langgar larangan sedjen-sedjen tea, eta dihoekoem saperti mimitina artikel ijeu, tapi artikel 57 hënleu dikeunakeun kana hal ijeu. (1)


§ II.

Ngamang-ngamang atawa njingsieunan. Art. 222. Saha-saha noe njingsieunan rek maehan, ngabaroeang atawa sedjen-sedjen panganiaja ka djělěma, dina soerat dilanda atawa hěnteu dilanda, sarta eta panganiaja pimeunangeun salah sahidjina hoekoeman noe aja dina artikel 5 no. 1, 2 djeung 5, eta dihoekoem kěrdja paksa make rante tina lima nepi ka lima welas tahoen, lamoen njingsieunannana reudjeung nitah neunden doeit dina sahidji tempat, atawa nitah ngalampahkeun sedjen-sedjen pamentana atawa pěrdjangdjiannana.

_______

1 Koe Staatsblad 1871, no. 174 § III eta omongan »tapi artikel 37 henteu dikeunakeun kana hal ieu" dieureunan.