Lompat ke isi

Kaca:Boekoe wet hal pangadilan hoekoeman baris oerang priboemi di Indië-Nederland.pdf/85

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
79

Art. 223. Lamoen njingsieunannana henteu reudjeung parentah atawa pamenta atawa pěrdjangdjian, eta dihoekoem kěrdja paksa teu make rante tina doea nepi ka lima tahoen djeung diděngda oewang tina lima poeloeh něpi ka tiloe ratoes roepia.

Art. 224. Oepama njingsieunannana koe lalambe (koe lisan) sarta reudjeung marentah atawa menta atawa ngadjangdjian, eta hoekoemannana dikěrdja paksa teu make rante tina gěněp boelan něpi ka doea tahoen djeung diděngda oewang tina doea wělas nepi ka saraloes lima poeloeh roepia.

BAGIAN II.

Ngahadja ngaraheutan djeung neunggeul atawa sedjen-sedjen kasalahan noe dihadja.

Art. 225. Saha-saha noe ngaraheutan atawa neunggeul, lamoen koe sabab eta datang ka djadi gering woedoe digawe pribadi leuwih ti doea poeloeh poe, eta dihoekoem kěrdja paksa teu make rante tina doea nepi ka lima tahoen.

Art. 226, Lamoen kasalahan noe kasěboet dina artikel di loehoer dilampahkeunnana sarta arah-arahan djeung niat ti tadina, eta hoekoemannana dikěrdja paksa make rante tina lima něpi ka lima wělas tahoen.

Art. 227. Oepama pangngaraheutannana atawa neunggeulna hěnteu datang ka djadi gěring atawa hěnteu matak woedoe kana digawe pribadi leuwih ti doea poeloeh poe, eta noe boga dosa dihoekoem kěrdja paksa teu make rante tina saboelan nepi ka doea tahoen djeung didengda oewang tina dalapan něpi ka saratoes roepia.