tatjan sampe oemoer ti ĕnggon atawa tĕmpat noe dipake neundeun eta boedak koe noe marentah alawa noe ngawasa eta boedak alawa noe dipĕrtjaja ngoeroes eta boedak, noe kitoe dihoekoem kĕrdja paksa make rante tina lima nĕpi ka sapoeloeh tahoen.
Art. 271. Oepama noe diiwat, noe ditjokot atawa noe disingkahkeun hoedak awewe oemoerna koerang ti gĕnĕp wĕlas tahoen, eta noe boga dosa dihoekoem kĕrdja paksa make rante tina lima nepi ka lima wĕlas tahoen.
Art. 272. Oepama eta boedak awewe noe oemoerna koerang ti gĕnĕp wĕlas tahoen soekaeun pangdiiwatna atawa karĕpna sorangan noetoerkeun ka noe ngiwat, eta noe ngiwat, lamoen oemoerna doea poeloeh hidji tahoen atawa leuwili, dihoekoem kĕrdja paksa make rante tina lima nĕpi ka lima welas tahoen.
Oepama noe ngiwat oemoerna koerang ti doea poeloeh hidji tahoen, eta dihoekoem kĕrdja paksa make (1) rante tina doea nĕpi ka lima tahoen.
Ijeu kasalahan beunangna dipĕrkarakeun ngan lamoen aja dawana kolot-kolotna atawa walina eta boedak.
§ III.
Ngalanggar larangan hal ngoeboer majit.
Art. 275. Saha-saha noe ngoeboer majit samemeh nampa paidin, Jamoen diparentahkeun koedoe njoehoenkeun idin heula, eta dihoekoem kĕrdja paksa dina pagawean nagara diparab teu make boeroch (krakal) tina gĕnĕp poë nĕpi ka doea boelan,
(1) Koe Staatsblad 1876 no. 259 eta këtjap »make diganti koe »henteu make."