Ti barang dihanjatkeun deui ka kapal, kaula henteu dibere salin papakean; atuh kaula teh mani ngadegdeg ku bawaning tiris; urang kapal teh semuna euweuh naker kakarunyana, da buktina, cul bae kaula teh diantep, ditaringgalkeun, sakitu jelema keur kabulusan teh.
Heuleut tilu poe ti saentas kaula ngunclungkeun maneh, kabeh jalma-beulian teh digiring ka daratan baris dijual; gancang pisan lakuna, dina jero dua poe teh geus kajual kabeh. Ari kaula digaleuh ku hiji bangsa Eropa, henteu nyaho saha jenenganana mah sarta tuluy kaula dicandak ka tempatna. Nya harita, waktu keur leumpang di jalan, kaula kakara nyaho ku maneh, yen eta tempat teh ayana tangtu di tanah Afrika, sabab buktina loba jalma bangsa kaula anu lalar-liwat di eta jalan; ngan hanjakal pisan kaula henteu ngaharti kana basana, sabab basa kaula beda jeung basa maranehanana.
Barang nepi ka tempat tuan anu ngagaleuh kaula tea, kaula kaget, bet bumi eta tuan teh gede tur alus naker. Tuluy kaula dipernahkeun hade hade, taya pisan kakuranganana. Tatapi sanajan kitu, kaula henteu leungit curiga, boa-boa kaula teh sina lintuh heula, arek digawekeun deui beurat saperti katukang-tukang, waktu aya di tanah Brasili tea. Tina kituna hate kaula nyongsrong pisan kana hayang minggat deui, kawuwuh-wuwuh kaula henteu pati dijaga enya-enya; jeung pikiran kaula, upama minggat teh, hamo kana gancang-gancang katewak deui, sabab aya dina tempat kaula pribadi, geus tangtu kaula pada nulungan, sarta disumputkeun di buni-buni. Lila-lila kaula ngadenge beja, yen jenenganana eta tuan anu ngagaleuh kaula teh Tuan Elias. Beuki lila kaula nya aya di dinya, beuki senang nya rasa, sabab eta dunungan teh ka kaula jeung sabatur-batur kacida hadena. Estu kabeneran bagja diri, nuhun ka Gusti Allah, anu geus maparinan pilantaraneun senang ka kaula. Ayeuna hate kaula geus tengtrem, nepi ka bisa jongjon muji kana pangasih Pangeran anu Maha Suci."
Raden Ustama: "Kumaha ari kana minggat, naha masih keneh aya niat ?""