Kunrad : ”Weu, jauh pisan ayeuna mah, geus kalimputan ku pangasihna dunungan; jeung bari keur nanahaon make hayang nyingkah ti dieu, batan sakieu nya senangna mah, kaula ayeuna sasat geus jadi jalma merdika bae, bisa leuleumpangan kuma karep, tara aya anu ngaharubiru; kitu deui teda jeung pake taya pisan kurangna, tur dipikaasih ku dunungan; sabalikna kaula oge asih ka anjeunna. Lamun kaula boga hate serong teh geus tangtu kaula hamo jamuga deui saumur hirup, doraka ti Gusti Allah, anu ayeuna geus ngaganjar ka kaula sakieu gedena, nepi ka sakieu senangna jeung ngeunahna. Salilana anu dipikir-pikir ku kaula, ngan kumaha piakaleunana, sangkan kaula bisa males ka dunungan anu sakitu hadena ka kaula,”
Kacaritakeun dina mangsa harita di Kaapstad timbul panyakit kolera, sarta beuki lila beuki nyaliara, datang ka unggal-unggal poe. puluhan jalma anu maraot; malah di gedongna Tuan Elias oge aya anu katerap, nya eta tukang ngajaga gedong, nepi ka maotna; geringna ngan meunang jam-jaman bae lilana. Tina kituna eta palabuhan. Kaapstad ditutup, teu meunang aya kapal anu indit tidinya atawa balabuh didinya. Atuh harita Raden Ustama teh kapaksa kudu ngumbara di Kaapstad sababaraha bulan lilana, nepi ka eta palabuhan dibuka deui cara sasari.
Kacaritakeun dina hiji waktu “Tuan Elias kasumpingan sobatna anu entas ngajajah tanah Afrika-Kidul, jenenganana Tuan Bosch. Salilana aya di Kaapstad, eta Tuan mindeng angkat-angkatan ka pilemburan, sakapeung-kapeungeun sok disarengan ku Tuan Elias jeung Raden Ustama. Aba Raden Ustama teh jadi wawuh gulet pisan jeung eta tuan.
Dina hiji waktu eta Tuan Bosch sasauran ka Raden Ustama : ”Upama palabuhan geus dibuka deui, maneh jeung kami urang babarengan sakapal ka pulo Jawa. Kami hayang pisan ngajajah eta pulo teh, sabab bejana loba pisan anu araneh, loba gunung-gunung anu aralus, katurug-turug loba kawahna; bejana mah mani aya dua puluh dua, lolobana nya di tanah Priangan,”
Barang Raden Ustama ngadangu saurna eta tuan kitu, an-