jeunna teh raosna asa dijalanan bae, prak cacarios nerangkeun kaayaanana tanah Priangan, di suklakna di siklukna taya anu kaliwat sakur nu ku anjeunna geus kaambah mah. Mimitina anjeunna sasauran kieu : "Ku panginten jisim kuring eta tanah Priangan pangsae-saena tempat di dunya; roa pisan gunung-gunungna, ting parenclut di mana-mana; roa urang Eropa anu nyebatkeun meh sami sareng pagunungan di tanah Zwitserland. Lebak-lebakna, lamping-lampingna sareng jurang-jurangna henteu kaelehkeun ku
anu parantos kagurnita di Italie. Leuweung-leuweungna anu geledegan, tegesna anu roa pisan tatangkalanana sareng curug-curugna cai walungan, sami bae sareng di Skandinavie. Eta sadayana kasaean anu bacacar di tanah Europa anu sakitu legana teh, di tanah Priangan mah kempel. Mungguh jalma anu ngalalana, sapertos tuan, upami sumping ka tanah Priangan teh, hamo ngaraos hanjakal ku medalkeun ongkos roa, margi kagentosan ku titingalian, anu sakitu saraena. Nya teu heran, ka pengker Tuan Raffles sering nyaurkeun kieu : "Ayeuna makuta Inggris leungit
intenna anu panggede-gedena sarta pangalus-alusna, dipindahkeun kana makuta nagara Walanda. Ku panginten jisim kuring eta anu disebat inten mulya teh moal naon deui, jaba ti Pulo Jawa."
Tuan Bosch "Bejana di tanah Priangan aya hiji gunung, anu kamashurkeun pisan alus, ngaranna Papandayan. Kumaha maneh enggeus oge nyaba ka dinya?"
Raden Ustama: "Parantos, basa ngiring Kangjeng Dalem Bandung. Di dinya aya hiji kawah ageung pisan, salamina seuneuna tara pareum-pareum, haseupna ngelun ka langit, roa pisan sendawana sareng walirangna. Ti eta sisi kawah, upami ningal ka tebeh Wetan, estu matak waas pisan, ting parenclut. Gunung Cikuray, Galunggung, Malangbong, Haruman sareng Gunung Guntur. Eta gunung-gunung ngalingkung padataran tanah Limbangan, estu matak kagagas pikir, ting arudat walungan-walungan anu ngamuara ka walungan Cimanuk, sarta ting garenyas situ-situhiang katojo ku sorotna panon poe. Dupi situhiang anu panglegana, wastana Bagendit, sae pisan katingalina ti luhur gunung.
Salegana padataran Limbangan pinuh ku pasawahan sareng