Lompat ke isi

Kaca:Carios Raden Ustama - R. Ardiwinata.djvu/103

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

tegalan. Pikampungan-pikampunganana ngararenggenek sapertos pulo-pulo di tengah lautan bae, margi kabudeur ku pasawahan anu sakitu lalegana tea.”

 Tuan Bosch : ”Tadi maneh geus nyarita, yen di kawah gunung Papandayan loba sendawa jeung walirang; eta nu kitu ku urang Sunda sok diparake naon?”

 Raden Ustama : ”Eta walirang ku urang Sunda sok didamel tamba budug, matih pisan; sareng upami usum panyakit, sok dianggo ngarawun, dibareuleuman, supados jurig-jurig kasakit tea enggal nyaringkahna atanapi paraeh mabok ku bauna haseup eta walirang.”

 Tuan Bosch (bari gumujeng) : ”Ha! Ayeuna kami arek nanya heula ka maneh, percaya kana jurig?”

 Raden Ustama : ”Menggah jisim kuring nya percanten oge; kana jurig kolera, jurig muriang, jurig kuris, jurig jarian, jurig batuk-gangsa sareng sanes-sanes ti eta roa deui.”

 Tuan Bosch : ”Weu, kaya kitu mah manéh teh kaasup keneh jalma anu gugon-tuhon, percayaan kana barang anu mohal-mohal. Mungguh bangsa Eropa mah taya nu.percaya kana eta jurig teh.

 Raden Ustama :”Eta perkawis gugon-tuhon, sawareh mah sok kenging oge: dianggap sae, tur sok aya kajajadianana; geura ayeuna ku jisim kuring bade diterangkeun sawareh-wareheun.

 Upami dina hiji lembur aya hiji manuk anu langka nyaba ka dinya, atanapi roa gagak areunteup dina kakaian di sisi lembur barina. disarada ting garaok; eta ku urang dinya sok didamel tanghara, bakal aya anu maot. Ku panginten jisim kuring eta yaktos kitu, margi sok sering aya buktina, jalaranana sok roa pisan bangsa manuk anu. lemes rasana, tiasa ngarasa kana barang anu bakal kajadian. Pitilu atanapi-opat dinteneun deui kana aya anu maot, eta manuk parantos gaduh rasa, yen di eta tempat bade aya bangke; henteu ari kenging ditangtoskeun bangke naon-naonna mah, duka jalma duka sato ingon-ingon urang dinya.

 Aya deui anu sok disebut gugon-tuhon, nya eta : Upami ba-

87