Lompat ke isi

Kaca:Carios Raden Ustama - R. Ardiwinata.djvu/104

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

rudak arulin sareupna, ku kolot-kolotna sok disaringsieunan kieu: "Barudak! Ulah sok arulin sareupna, bisi dirawu kelong!" Eta sanes naon-naon maksudna teh, ngan supados eta barudak liren bae arulinna, margi upami teras bae arulin, kantenan caket kacida kana balaina, nya eta bilih narincak seuseukeutan, cucuk sareng sajabina ti eta, atanapi tigubrag kana jero lombang. Eta sadaya kantenan matak ngajadikeun sesah ageng pisan ka kolot-kolotna."
 Tuan Bosch: "Bet papanjangan maneh nyarita bab walirang teh, mani nepi ka nyaritakeun jurig. Ku timbangan kami nya hade oge, upama urang Sunda nyarahoeun eta anu dingaranan jurig, saperti anu geus diterangkeun ku maneh bieu. Tapi ke heula, ayeuna urang tunda eta carita teh, kami arek nanya : ari sendawa jeung walirang anu sakitu lobana di tanah Priangan teh, ku urang Sunda sok dijieun naon, anu panggede-gedena mangpaatna?"
 Raden Ustama: "Teu diaranggo naon-naon, jabi ti anu parantos kaunjuk tadi."
 Tuan Bosch: "Di tanah Eropa mah eta sendawa jeung walirang teh gede pisan gunana, nya eta babakuna dijieun obat bedil, dicampuran bubuk areng-kai. Eta sendawa, walirang jeung areng-kai teh dibebek nepi ka lembutna. Sanggeusna ngeprul cara tipung, tuluy ditinyuh ku cai, pek dihantem diguis supaya pagalo jadi hiji. Geus kitu dipoe nepi ka garing pisan, sarta tuluy dibubukkeun deui, nepi ka jadi sagede-gede siki wijen. Upama geus jadi kitu, urang kudu ati-ati pisan, papacuan eta barang kaantelan seuneu, sabab jadi senget kacida, sok gancang bae ngagebos, matak nyilakakeun ka jalma. Tah nya eta anu dingaranan obat-bedil teh."
 Raden Ustama: "Jisim kuring henteu acan ngahartos, naon margina, anu mawi eta obat bedil teh ageng pisan tanagana, dugi ka tiasa ngalungkeun pelor sakitu tarikna?"

 Tuan Bosch: "Heug engke ku kami diterangkeun, tapi kami arek nanya heula. Bejana barudak-barudak Sunda sok barebedil-

88