an ku palet, dienalan ku kanyere; eta enya kitu ? Maneh geus nyaho oge kana rupana eta bebedilan ?”
Raden Ustama : ”Kantenan, kieu rupina : Eta bebedilan palet teh, panjangna kinten aya sajeungkal satengah, congona dicocokan ku buah kanyere atanapi ku kapuk baseuh, atanapi ku dangdaunan anu leuleus. Ti puhuna dicocokan deui ku bangsana anu dianggo nyocokan congona tea. Saparantosna kitu, lajeng dirojok ku pangrojok anu sasrekna pisan, manjing kana liang palet tea. Eta pangrojok ti puhuna digagangan paragi nyekel. Tina puhu eta gagang dongkap ka tungtungna eta pangrojok, kedah rada pondok saeutik, tibatan panjangna palet, supados ana dirojokkeun, engke cocok anu aya dina congo palet teh, ulah morojol ka luar. Saparantosna eta palet dicocokan congona sa reng puhuna, lajeng liang anu ti puhu teh dirojok ku pangrojok tea, sareng ngarojokna kedah rada digentak; engke cocok anu aya dina congo palet teh ka luar, tebih pisan meclengna, sareng harus, ngabeletok.”
Tuan Bosch : ”Naon sababna, anu matak eta palet disada jeung bisa ngalungkeun cocok sakitu jauhna ?”
Raden Ustama : ”Eta margina, nya eta kasurungkeun ku hawa; ari kateranganana anu paos mah, jisim kuring henteu patos terang.”
Tuan Bosch : ”Kieu eta teh bisi teu nyaho, hawa anu aya dina jero liang palet, di antara cocok tungtung jeung catok puhu, upama cocok puhu dirojok teh, jadi eta hawa kasedeKkeun; beuki deukeut cocok kana cocok, beuki heurineun eta hawa teh. Ku sabab paletna kuat jeung pangrojokna tarik disurungkeunana, geus tangtu cocok anu dina congo palet teh kasedekkeun tea neumbrag kana hawa anu aya di luwareun palet, nya ngajadikeun sora ngabeletok. Tah bedil enyaan jeung mariem oge teu beda ti kitu. Obat anu aya dina eta bedil teh, ana kaantelan ku seuneu tina pistong atawa pasumbon, ngagebos, sarta ngajadikeun sarupa hawa anu loba kacida. Tina Obat tilu sendok leutik teh, bisa ngajadikeun watara hawa saember lobana. Eta hawa anu Sakitu teh, geus tangtu heurineun aya dina liang anu sakitu leutik-