na; nya tuluy neangan enggon, sesered ka tukang-ka hareup, ka luhur-ka handap. Ku sabab beusi kacida wewegna, ari enal atawa pelor ngan tiap nyelap, jadi anu kasered teh, nya enal jeung pelor tea bae, sarta tuluy ka luar tina kucubung bedil, melesat tarikan kabina-bina.
Ari anu matak aya sora ngajedur, kieu sbabaee ”Barang eta hawa anu gedena sagede ember tea geus ka luar, hawa anu masih keneh aya’ dina jero bedil kaduruk ku seuneu nepi ka beak pisan; jadi dina jero bedil teh kosong pisan taya hawana. Ku sabab kitu, gafcang di asupan ku hawa anu di luareun bedil, pendekna eta hawa teh ngeusian tempat anu kosong; tina sabab ngagentak teuing asupna, jadi eta hawa teh neumbag kana beusi, nepi ka ngajadikeun sora anu ngajedur tea .”
Raden Ustama kacida pisan resepeunana ngadangukeun eta katerangan teh.
Kacaritakeun dina hiji waktu, teu jauh ti dayeuh Kaapstad, aya hiji barang ragrag ti langit, blugna kana hiji tegalan, sorana ngabeledug, lir sora mariem bae. Tuluy eta barang anu ragrag teh ku urang dinya ditareangan; mimitina beh aya hiji liang gede tur jero. Tuluy eta liang teh dikukuy nepi ka sapuluh poe Iilana; dijerona kapanggih aya hiji beusi bunder, gedena sagede kalapa pesekeun, nya eta barang anu ragrag ti langit tea. "
Raden Ustama emut ka dinya, tuluy naros ka Tuan Bosch : "Tuan! Jisim kuring emut kana beusi anu ragrag ti langit tea; dihantem diemut-emut margina anu mawi ragrag, namung weleh bae henteu tiasa kaemut.”
Saur Tuan Bosch ; ’Supaya terang pisan kahartina ku maneh, kami arek nerangkeun heula bab bentang. Eta bentang-bentang anu mangjuta-juta ting karenclong di langit, teh satemenna mah sawareh meh aya nu sarua_bae gedena jeung bumi anu dicicingan ku urang. Di dinya teh aya daratan, lautan hawa, gunung, walungan jeung jaba ti eta . Ari sawareh deui nya eta bangsana panon poe jeung bulan. Gedena eta bentang-bentang aya anu leuwih ti batan bumi, jeung kabeh pada maraju, maluntir angkleung-