Lompat ke isi

Kaca:Carios Raden Ustama - R. Ardiwinata.djvu/107

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

angkleungan dina jero tempat anu taya wawatesanana. Sakapeung-kapeungeun dina eta bentang sok aya barang anu henteu katarik deui ku daya-panggendengna eta bentang. (Anu geus katangen mah wujudna teh nya eta batu, beusi, emas, perak jeung sejen-sejen deui sipat teuas). Tuluy eta barang teh ragrag saragrag-ragragna; sok rajeun aya anu ninggang kana bentang anu sejen, aya anu terus bae henteu bisaeun ninggang kana naon-naon, jeung sawareh sok aya oge anu meneran ninggang kana bumi anu dicicingan ku urang, nya eta saperti beusi anu kamari ieu kapanggih di dieu tea; eta anu kitu ku bangsa Eropa dingaranan Metior.”

 Raden Ustama : ”Jisim kuring henteu acan ngahartos, naon margina eta Metior ari ragrag sok cahayaan sakitu hurungna ?”

 Tuan Bosch : ”Eta barang anu ragrag tina bentang satadina henteu ngabogaan cahaya, hurung soteh, sabab sabot ragrag pagesrek tarik jeung hawa anu aya saluhureun bumi, cara lunglum pagesrek jeung hawa anu aya di jero celetok, atawa cara batu gandawesi jeung waja.”

 Raden Ustama : ”Tadi Tuan sasauran, yen eta bentang-bentang aya anu agengna sagede bumi anu dicicingan ku urang, malah aya nu langkung ti kitu; naha di dinya teh aya jalmaan?”

 Tuan Bosch : ”Mungguh anu palinter di Eropa mah, geus henteu. marangmangeun deui, yen tangtu eta bentang-bentang teh aya anu dicicingan ku sipat manusa jeung sato-hewan, saperti di bumi bae; sabab mungguh di tempat anu sakitu gedena, anu aya lautan, tatangkalan, daratan jeung hawa, sok mustahil, lamun taya eusina anu kumelip, jadi geus tangtu pisan aya; ngan bae anu palinter teh tacan barisaeun nangtukeun, naha eta jalma-jalmana teh sarupa jalma biasa di dieu, dina bumi, atawa henteu ?”

 Heuleut dua puluh poe ti saentas aya barang ragrag ti langit tea, Tuan Elias kenging wartos, yen palabuhan Kaapstad geus dibuka deui, sarta geus meunang deui sagala kapal kaluar-asup saperti sasari deui, nya eta ku lantaran panyakit kolera tea geus leungit. Tatapi sanajan kitu oge, harita Raden Ustama kudu linggih keneh bae didinya sabulan deui lilana, nya eta sabab

91