Lompat ke isi

Kaca:Carios Raden Ustama - R. Ardiwinata.djvu/108

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

kudu nunggu kapal Walanda ti Rotterdam, anu bakal nyimpang ka Kaapstad, sarta arek'terus ka kapuloan India-Wetan.

 Dina hiji poe Raden Ustama dipaparin terang ku Tuan Consul, yen aya hiji kapal Walanda datang. Upama anjeunna kersa meunang numpang nepi ka palabuhan Betawi, henteu mayar ongkos tambangan. Barang anjeunna nampi eta warta, kacida pisan suka-bungahna, mani asa geus jol bae ka palabuhan Batawi; tuluy anjeunna tata-tata barang panganggona anu baris dicandak sarta sejen-sejen deui kaperluan jaba ti eta.

 Peutingan arek mangkat anjeunna mani henteu kulem sakerejep-kerejep acan, ku tina bangreung hoyong geura isuk, sarta hoyong geura cat kana kapal.

 Isukna isuk-isuk Raden Ustama mangkat, dijajapkeun ku Tuan Elias jeung si Kundrad; nya kitu deui Tuan Bosch, sabab harita eta tuan henteu tulus deuk angkatna ka pulo Jawa sakapal jeung Raden Ustama teh. Ari geus sumping ka palabuhan, Raden Ustama nganuhunkeun ka Tuan Elias kana pirang-pirang pangasihna.

 Tuan Elias sasauran : ”Entong jadi pikir, geus mistina manusa kudu tutulung ka sapapadana manusa anu keur kasusahan. Salamet jalan atuh, Ustama! Didungakeun sing ulah aya kitu-kieu di jalan jeung sing mulus rahayu, nepi ka datang ka nu dijugjug.”

 Raden Ustama dumareuda jeung cumalimba, kagagas ku kasauran Tuan Elias sakitu alusna, mani meh-mehan bae anjeunna henteu iasaeun nganuhunkeun.

 Barang geus salse tatabean jeung sakabeh anu ngajarajapkeun, Raden Ustama ngahaturkeun salamet tinggal; geus kitu clak kana sakoci sarta-kebat diboseh ka tengah, ditujukeun ka kapal anu arek layar ka India-Wetan tea. Eta kapal ngaranna Prins Willem I, gede pisan tur masih anyar, tihangna tilu paparabotanana sarantosa, jeung kabeh aralus, taya pisan matakna paur ruksak di jalan, sanajan ngambah lautan anu sakitu gedena oge.

 Isukna isuk-isuk wanci jam 9, meneran tanggal 2 Maart 1817,

92