eta kapal bral mangkat ti palabuhan Kaapstad; mangsa harita laut di dinya keur kacida pisan motahna,
VII
Sabot eta kapal mangkat, Raden Ustama naleukeum kana saroja eta kapal, bari ningali ka nagara Kaapstad, ka palebah bumi Tuan Elias. Anjeunna estu aboteun kacida, nilar eta tuan anu sakitu hade manahna sareng asiheunana ka anjeunna. Geus kitu ras anjeunna eling ka ibu-ramana, anu caralik di Bandung, meureun aranjeunna teh ngararep-ngarep bae beurang-peuting ka putrana sarta tangtu rarempaneun, ku tina geus sakitu kaheubeulanana taya beja-beja, naha putrana masih keneh aya di dunya, atawa enggeus wapat, meureunan dina garalihna teh. Harita anjeunna ngaraos keuheul ka eta kapal, tina karaosna ku anjeunna lajuna teh kendor; padahal ari saenya-enyana mah, lain kapal anu kendor, ngan mamanahan anjeunna anu geus aya di Batawi.
Kadua poena ti barang indit, eta tanah Afrika geus teu katembong, sarta kapal harita geus angkleung-angkleungan di tengah lautan anu sakitu gedena jeung matak salempangna.
Didinya Raden Ustama henteu kagungan kawawuhan hiji-hiji acan. Matros-matros kabeh bangsa Walanda toto, taya pisan anu bisaeun ngomong Malayu; jadi anjeunna teh arang pisan cacarios jeung maranehna. Upama aya anu perlu dipariksakeun, nya anjeunna sok pepeta bae; tapi papada kitu oge, nya henteu luput, hasil sakumaha maksudna.
Dina hiji poe anjeunna keur luntang-lantung dina dek, beh ningali matros-matros anu keur digarawe. Di antara eta matros-matros aya saurang matros anu geus kolot, umurna kira-kira genep puluh tahun, keur ngaput layar rubak tur kandel. Raden Ustama resepeun pisan ningali ka manehna,.ku tina ngaputna gancang tur