beres. Tayohna bae eta matros ngarasa diserangkeun ku anjenna. Lila-lila tuluy manehna nanya ku basa Walanda, tatapi ku Raden Ustama henteu kahartoseun eta pananyana teh. Tuluy bae Raden Ustama sasauran ku basa Inggris, yen anjeunna henteu ngahartoskana basa Walanda.
Matros ngomong deui, make basa Inggris : ”Katangenna ku kami, maneh ngawaskeun bae ka kami, naon sababna?”
Wangsul Raden Ustama : ”Kaula resep nenjo sampean ngaput layar sakitu gancangna jeung sakitu alusna tapakna jarum.”
Eta matros ngomong deui semu bungah pedah dialem : ”Ah, geus tangtu bae, sabab kami geus tilu puluh genep tahun lilana nya hirup di kapal.”
Raden Ustama : ”Aduh! Kutan sampean teh geus lila nya digawe di kapal teh?”
Matros :”Ari maneh ayeuna arek ka mana?”
Raden Ustama : ”Arek balik ka pulo Jawa ti waktu indit ti Batawi geus aya satahun lilana.”
Matros : ”Jadi maneh teh urang Jawa? Panyana kami urang Hindu, sabab maneh ngomong make basa Inggris, da ari mungguh luang kaula mah, geus biasa eta urang Hindu teh lamun ngomong jeung urang Eropa sok make basa eta.”
Raden Ustama : ”Ieu kapal mentas layar di mana???
Matros : ”Ti lemburna pisan, ti Rotterdam.”
Ti waktu harita, Raden Ustama sok mindeng cacarios jeung eta matros tina bab rupa-rupa perkara, ngabangbrangkeun anjeun, sangkan ulah kesel teuing.
Kacaritakeun eta kapal Prins Willem I layarna ti palabuhan Kaapstad geus meunang sabulan, sajajalan salamet, henteu katarajang angin ribut atawa sejen-sejen bahya; jol datang ka palabuhan Padang, nya eta di basisir pulo Sumatra beulah ti kulon.
Jaman harita eta nagara Padang masih keneh kabawah ku urang Inggris; ramena di palabuhan nya cara di Batawi bae, ngan