Lompat ke isi

Kaca:Carios Raden Ustama - R. Ardiwinata.djvu/111

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

kacek dina tetenjoan; ari di palabuhan Padang mah nyandingkeun gunung, pinuh ku tatangkalan anu galede. Di sisi palabuhan loba gudang-gudang paragi nunda barang-barang, anu arek dimomotkeun kana kapal atawa. ti kapal.arek dijual di Padang atawa di sejen-sejen tempat.

 Eta kapal eureunna didinya meunang lima poe, sabab dimomotan heula barang bawaeun ka Batawi.

 Dina hiji poe, "Raden Ustama tunggang parahu ti kapal ka darat, arek ngajajah dayeuh Padang, babarengan jeung dua matros. Eta parahu diwelah mudik dina hiji bangawan gede, anu disebutna bangawan Padang. Di sisi eta bangawan loba gedong-gedong anu galede, kantor-kantor-dagang, toko-toko Eropa jeung jaba ti eta. Eta bangawan lebah dinya lega pisan, kawantu deukeut kana muwarana, sarta loba pisan sakoci, sampan, parahu, pasuliwet milir-mudik marawa barang-barang jeung jalma-jalma.

 Eta nagara Padang lamun dibandingkeun tina karameanana mah, nya kurang ti Batawi teh. Urang Eropa anu araya di dinya kalolobaanana ngan urang Inggris; tapi ari Cina mah lumrah bae, lobana saruwa bae cara di sejen-sejen palabuhan. di kapuloan India-Wetan. Nya kitu deui pagaweanana, euweuh deui anu digedekeun teh babakuna ngan dagang.

 Imah-imahna. urang Pribumi beda. kacida jeung imah-imah di pulo Jawa, nya eta di Padang mah kolongna laluhur pisan, nepi ka aya nu leuwih ti satangtung jalma; ari suhunan-suhunanana dicengklikkeun cara tanduk munding. Eta kolong imah sok dipake kandang sato, kayaning : sapi, munding, kuda, domba, embe, hayam jeung jaba ti eta. Ari anu dipalar, supaya ti peuting eta sato-sato gampang dijagana, ti nimbang dina jero kandang sejen, anu rada jauh ti imah. Ari ku kitu tea mah eta kalakuan; teh bener, tatapi orokaya matak ngajadikeun rupa-rupa panyakit, sabab kokotor-kokotor anu araya di handapeun imah teh, hawana tangtu nyambuang ka jero imah; kumaha ari geus jadi kasakit mah, boh cacar, boh muriang, hayoh bae naruding ka jurig.

 Imah anu aya kolongan, leuwih hade tibatan anu ngupuk, Carios Raden Ustama

95