sabab hawana bisa adik sandi Tapi hade-soteh, lamun ka kolong henteu dipake kandang sato.
Kacaritakeun barang geus anggeus dimomotanana eta kapal Prins Willem I teh, tuluy layar deui, sarta heuleut lima poe lilana geus nepi ka deukeut Selat Sunda, antara pulo Sumatra jeung pulo Jawa. Sabot eta kapal ngadeukeutan eta Selat, subuh-subuh kira wanci jam satengah lima. Raden-Ustama gugah, tuluy angkat kana dek, hoyongeun geura ningali kana basisir pulo Jawa, Anjeunna naleukeum kana saroja, .bari ngawaskeun ka tebeh Wetan. Ti kajauhan ku anjeunna katingali, langit geus mimiti harayhay, sarta beuki lila rupana beuki semu beureum; lila-lila sorotna panon poe teh katingalna ting arudat, nepi ka jolna pisan panonpoe teh katembong saeutik, sarta beuki lila beuki ngagedean. Harita Raden Ustama ngadegna dina sisi dek teh henteu obah-obah, kawas anu dipaku bae badis, sarta tonggoy ningali bae ka beulah Wetan. Lila-lila melengmeng tembong basisir pulo Jawa beulah ti kulon, beuki lila beuki awas; gunung-gunungna ting parenclut, puncak-puncakna geus kasorotan ku sinar srangenge, siga anu ngajakan seuri ka Raden Ustama, ngahaturankeun pedah geus sakitu lawasna nya dikantun.
Harita loba matros anu ngarawaskeun kana polahna Raden Ustama, ku tina henteu usik-usik kawas arca bae. Anjeunna ngareret soteh, pedah aya matros nanya ku basa Inggris, kieu pokna : ”Euy, keur naon maneh didinya mana anteng-anteng teuing?”
Walon Raden Ustama : ”Puguh kaula teh keur nenjo alam, naha bet alus-alus teuing, geura itu!”
Matros : ”Tetela euy, alus;kacida, abong-abong-lain beunang nyieun urang.”
Raden Ustama : ”Eta gunung-gunung ting parenclut teh, ayana di mana?”
Matros : ”Di Banten; ari itu anu sabeulah ti kidul, gunung-gunung di tanah Priangan. Maneh geus nyaho gunung nu pangkolotna di pulo Jawa ?”
Raden Ustama : ”Ih, naha kutan gunung teh aya kolot-