Lompat ke isi

Kaca:Carios Raden Ustama - R. Ardiwinata.djvu/113

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

budakna, cara jalma atawa sato? Kula mah ngadenge oge anu nanya kitu kakara ayeuna.”

 Matros :”Ih naha bet dusun; bisi teu nyaho pangkolotna gunung di pulo Jawa teh Gunung Nanggulan, ayana di sakatuhueun walungan Progo, di tanah Mataram. Waktu kami aya di Delft, dina hiji waktu kami gunem-catur jeung hiji murid sakola luhur. Manehna nyaritakeun kaayaan di pulo Jawa. Lebah nyaritakeun gunung-gunung, manehna nyaritakeun kieu :”Dina hiji buku karangan tuan anu, diterangkeun, yen jaman baheula pisan (nepi ka ayeuna geus rebuan tahun), keur waktu pulo Jawa masih keneh kakeueum ku lautan, aya hiji karang gede muncunghul luhureun raray laut; ari buktina eta karang teh nya eta Gunung Nanggulan tea, anu bieu geus disebut tempatna.”

 Raden Ustama : ”Waktu aya kapal bitu, kaula nenjo baranyayna seuneu teh bareng jeung sorana ngajelegur; tapi ari nenjo anu ngabekasan bedil ti kajauhan, mimiti anu. katenjo teh haseupna, geus kitu kakara kadenge sorana. Eta naon sababna anu matak kitu?”

 Matros : ”Eta baranyay jeung sorana salilana sok bareng, katangen soteh heula-pandeuri, lamun jauh antarana tina ceuli urang ka anu ngabaranyay tea.”

 Raden Ustama : ”Aeh, enya bener; leuleutikan bae, lamun kula nenjo nu keur kakadekan ti kajauhan, nu katenjo heula ngulangkeunana bedog, batan ngadenge sorana anu ngagedok. Eta aneh kacida, kaula tacan nyaho kateranganana.”

 Matros : ”Eta katranganana gampang pisan; lamun urang nenjo anu nyeungeut mariem, ti barang katenjo ngabaranyay seuneu jeung peledug teh, urang kudu milang rada gancang : hiji, dua, tilu jeung saterusna, nepi ka kadengena eta sora mariem ngageleger. Upama urang milang teh ngan nepi ka 3 (nepi ka kadengena sora mariem), eta bilangan teh kudu dicangkolong ku 1, jadi tinggal 2; eta 2 kudu tikel ku 333 jadi 666. Tah tina kituna ayeuna kanyahoan jauhna tina mariem anu disada nepika urang teh, aya 666 Meter, sabab lalampahanana sora dina jero unggal

97