sekon geus dinyatakeun ku anu palinter aya 333 Meter. Geura pek buktikeun ku maneh, najan aya gesehna oge moal sabaraha.
Di tahun 1738 di deukeut kota Paris geus dinyatakeun perjalananana sora teh dina hiji sekon 337 Meter, di nagara Walanda dina sasekon 332 Meter. Ari nu matak beda-beda kitu, sabab kandel-ipisna jeung panas-tiisna hawa henteu sarua jeung henteu angger. Tina kituna dicokot pukul ratana bae, ayeuna geus ditetepkeun dijieun patokan, nya eta dina sasekon 333 Meter.”
Raden Ustama : ”Euh, nya kaharti ayeuna mah. Engke lamun aya burinyay gelap, kaula arek mecak milang nepi ka kadenge jegurna; jadi upama kaula milang nepi ka sapuluh teh„ jauhna eta gelap ti kaula aya (10 — 1) X 333 Meter = 2997 Meter. Lain kitu ?”
Matros : ”Enya bener kitu! Jeung upama maneh milang ti wates baranyay nepi ka disadana guludug meunang leuwih ti 15, maneh ulah sieun-sieun, da moal kabentar, sabab eta gelap teh jauh kacida, leuwih ti tilu pal anggangna ti maneh.”
Raden Ustama : ”Ayeuna kaula sakalian arek nanya, naon sababna anu matak saban-saban aya gelap ngabaranyay sok aya sora sakitu tarikna?”
Matros : ”Dina waktu hawa mendung arek hujan; di langit sok aya seuneu ngabaranyay, eta dingaranan ku urang Eropa electriciteit-hawa. Eta electriciteit perjalannana gancang kacida, meh taya anu nyusulan, datang ka eta urut jalanna tea kosong taya hawaan. Geus kitu eta tempat anu euweuh hawaan teh dieusian deui ku hawa anu aya di kenca-katuhueuana, tangtu paadu hawa pada hawa, papaheula nyicingan tempat anu kosong tea. Eta diaduna hawa pada hawa teh bedas kacida, nepi ka ngajadikeun sora tarik pisan, nya eta anu ku urang sok disebut guludug tea.”
Raden Ustama : ”Weu, paingan teuing atuh ari kitu sababna mah, nya meureun bae eta gelap sorana sakitu tarikna, mani ting galeleger lila naker.”
Matros : ”Maneh ulah kaliru harti! Sok lila ting galeleger soteh (ngaguruh) lain ku lantaran paadu hawa bae, eta mah anu