ngaguruh teh awahanana; maneh oge meureun bareto di pulo Jawa Sok mindeng moro, da didinya mah loba pisan boroeunana. Geura inget-inget sora anjing anu eukeur manting, panghaok jalma anu ngahucuhkeun, sora bedil anu dipake ngabedil udagan, kumaha kadengena? Kapan geuning lamun keweweng ti kidul jedur ti kidul teh, sok make keweweng ti kaler jedur ti kaler deui. Tah sora gelap oge nya kitu, ari beledag sakali teh, sok make tuluy ting geleger kadengena, komo-komo gelap mah leuwih tarik sorana tibatan sora anjing atawa bedil tinggar.”
Sabot Raden Ustama jeung matros keur cacarios kitu, kapal teh geus deukeut ka Pulo Krakatau, ngaliwat ka beulah katuhueunana. Ti wates eta mah Raden Ustama teh tabaheun pisan, sabab bareto geus mindeng lalar-liwat ka palebah dinya, waktu keur aya dina kapal bajo urang Banten tea.
Heuleut dua poe ti saentas ngaliwat pulo Krakatau, kapal Prins Willem I geus deukeut ka palabuhan Batawi; kira wanci asar tuluy balabuh, sarta henteu kungsi lila jol pirang-pirang sampan jeung parahu anu mapagkeun barang jeung jalma-jalma anu rek haranjat ka daratan.
VIII.
Gancangna carita, Raden Ustama geus aya di daratan, bari matur rebu-rebu nuhun ka Gusti anu Maha Suci, awahing ku suka, reh geus dipaparinan salamet, ti mimiti nilar Batawi nepi ka sumping deui kadinya, lilana mani satahun leuwih.
Di bom, di sisi gudang :pabean, anjeunna ngajentul calik dina luhureun peti barang-barang kagunganana candak ti Kaapstad. Harita anjeunna ewedeun pisan nya piloseun, ka saha nya muru, da puguh henteu kagungan pisan kawawuhan anu raket, kawantu tadina di Batawi teh salilana aya di gedong Kangjeng