Lompat ke isi

Kaca:Carios Raden Ustama - R. Ardiwinata.djvu/116

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Tuan Raffles bae, Lila-lila anjeunna ras eling, bareto rada wawuh jeung hiji upas anu sok mindeng ngajaga di gedongna. Tuan Raffles, ngaranna Abang Alip, imahna di kampung. Ketapang. Tidinya, tuluy anjeunna nyewa dokar, kebat ka kampung Ketapang, ngajugjug Abang Alip tea. Barang sumping kadinya, ngannyondong pamajikanana bae, ngaranna Minarsih, keur diuk ngalalangeu dina bale-bale hareupeun imahna, bari semu anu keur nandangan kasusah gede pisan.

 Barang ret nenjo ka Raden Ustama, Minarsih henteu panglingeun, ingeteun keneh, yen sok mindeng patepung jeung anjeunna, bareto. waktu sok nganteuran salakina kana pagawean. Gancangna manehna ngaku, ngahaturanan calik dina bale-bale, barina ngomong : ”Raden, haturan bagea sumping! Naha bet parantos lami teuing henteu katingal-tingal? Anjeun teh mentas mulih ti mana? Salaki kuring, Abang Alip, parantos maot, dongkap ka ayeuna parantos sapuluh dinten lamina.”

 Raden Ustama :.”Bibi, kaula entas nyaba jauh satahun lilana, ku sabab didieu taya deui buru-burueun teh kajaba ti Abang Alip, ti palabuhan teh kaula nya muru-muru ka dieu bae.

 Ari ayeuna kaula nyampak bet Abang Alip enggeus maot, beak karep kaula nya hanjakal, panyana teh masih keneh aya di kieuna.”

 Minarsih : ”Raden! Sanajan salaki kuring enggeus henteu aya oge, henteu aya pambenganana anjeun calik di rorompok kuring, upami anjeun kersa rurumpaheun mah calik di rorompok anu malarat; moal ari raos mah, da puguh ngan sakieu buktina.”

 Sanggeusna ngomong. kitu, geuwat eta awewe indit nyieun caneut, saaya-aya disuguhkeun; ari buktina nya eta cai haneut, lalawuhna cau-susudua siki, estu teu aya deui, ngan sakitu-kituna pisan.

 Manehna ngomong deui : ”Ieu bibi ngan sakieu nya kagaduh, mangga geura tuang, meureun anjeun hanaang, mangga masing tumaninah bae, ulah kagungan manah lingsem, sing sapertos di bumi ku anjeun bae; ayeuna bibi bade ka warung heula

100