Lompat ke isi

Kaca:Carios Raden Ustama - R. Ardiwinata.djvu/117

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

sakedap.”

 Sabot eta Bibi Minarsih indit ka warung, Raden. Ustama calikna nyalira bae di tepas payun bari mayunan pamasangan sarta ngamanahan, naha eta awewe teh ngakuna reujeung sabenerna kalawan ati nu suci, atawa make boga niat ngarinah. Upama anjeunna nimbang kana satahun ka tukang, eta awewe teh bener atina hade, tatapi boa ayeuna mah robah kalakuanana ti bareto. Jadi ku sabab kitu, harita Raden Ustama manahna arek ngarereb di imah Nyi Minarsih teh bari tetekadan, sasat kapalang waktu. Tapi upama sakira teu raos mah, tangtu anjeunna isukna arek neangan deui bae tempat anu sejen, anu henteu matak pikasalempangeun dianjrekan sawatara poe lilana.

 Henteu Kungsi lila eta anu boga imah geus datang deui, mawa minyak keletik keur ngaminyakan palita, jeung ngagembol beas Katut sepat - siem Sahiji; prak manehna ngaliwet, sanggeus timus tuluy disodorkeun ka Raden Ustama, sina dituang.

 Tina laparna Raden Ustama henteu kungsi dua kali disumanggakeunana, tuluy bae tuang ponyo pisan, sarta rorodanana didahar ku nu boga imah pribadi. Barina dahar, eta Nyi Minarsih henteu eureun-eureun nyaritakeun salakina, ingeteun urut hirup reureujeungan laki-rabi runtut-rukun, sapapait-samamanis, sabagja-sacilaka, dina sajero tilu puluh tahun lawasna. Ari ayeuna manehna. ditinggalkeun maot, atuh kacida pisan nya nalangsana teh, kawuwuh-wuwuh manehnateh, henteu pisan boga kadang warga anu deukeut, jeung oge malarat, ngan sakadar boga imah butut sahiji katut saparabotna betrak-betruk. Barina nyarita teh, manehna ragragan cipanon, estu matak karunya pisan.

 Barang geus peuting, Raden .Ustama mernahkeun anjeun kulem. dina pojok imah, disasarap ku samak saheulay jeung anggel hiji. Kira wanci jam hiji peuting anjeunna lilir, ngadangu anu segrak-segruk ceurik, sarta diselang-selang ku dumareuda, jeung ngucapkeun kieu :”Duh, Gusti Allah! Mugi-mugi gamparan ngahapunten kana dosa abdi anu sakitu roana, sareng maparin kasabaran sarta katawekalan ka abdi anu sakieu keur kasangsarana, katinggal maot ku salaki. Mugi-mugi gamparan

101