maparinan rejeki sacekapna tedaeun sapaos abdi hirup di alam dunya; mugi ditetepkeun iman, sing tambih-tambih cengeng ati abdi nya muntang ka gamparan salalamina!”
Sanajan eta mumujina haharewosan oge, ku Raden Ustama kecapna kadangu kabeh, kawantu ari ti peuting mah sok jempling. Eta anu mumuji teh, moal salah deui, tangtu Nyi randa miskin, nya eta Bibi Minarsih tea.
Kacaritakeun isukna isuk-isuk, sabot eta Bibi Minarsih ka cai, Raden Ustama ngodok pesak, nyandak duit sarupia, sarta tuluy digolerkeun dina deukeut tihang-imah, jeung rada dirimbunan saeutik ku taneuh kebul, ari anu dipalar ku anjeunna, supaya engke di mana geus caang, eta duit kapanggih ku.nu boga imah,
Henteu lila eta Bibi Minarsih datang ti caina, tuluy beberes jeung sasapu di imah. Beh duit, teh ku manehna kapanggih. Manehna kageteun pisan, bari waleuhweuh nanya ka Raden Ustama : ”Raden! Ieu bibi mendakan artos sarupia tina caket tihang, naha ieu teh kagungan anjeun?”
Wangsul Raden. Ustama : "Lain, Bibi! Kaula mah henteu boga duit sarupia, boga soteh duit receh bae. Eta mah geus bagja Bibi, meureunan eta teh duitna Abang Alip, bareto ragrag kadinya, kapohoan henteu terus diteangan.”
Minarsih semu bungaheun naker, tuluy gura-giru indit ka warung, meuli kadaharan sacukupna; eta kadaharan tuluy disodorkeun ka Raden Ustama, sina dituang.
Pabeubeurang Raden Ustama angkat ka pasar seja amengan, tina geus kangen pisan ka nagara Batawi; tuluy anclong-anclongan di jero kota. Katingalina ku anjeunna, eta kota Batawi teh beuki tambah rame tibatan tahun tukang, waktu anjeunna keur ngumbara didinya; ayeuna mah loba gedong-gedong anu alanyar tur aralus, jalan-jalanna bareresih but-bat ka mana-mana.
Di pasar Raden Ustama baranggaleuh rupa-rupa barang; ari eta beunangna ngagaleuhan teh, ku anjeunna dicandak ka panganjrekan, sarta tuluy kabehanana dipasrahkeun ka Bibi Minarsih, Ari buktina, nya eta : 2 samping, 2 baju, 2 karembong jeung se-