jen-sejen deui papakean awewe dina jaman harita, sabab pamendak Raden Ustama, eta Nyi: Minarsih teh henteu pisan: bogaeun papakean rangkepan, ngan ukur saraket awak bae.
Cing sakumaha pibungaheunana eta Nyi randa natala nampa paparin Raden Ustama? Manehna ngomong bari nyurucud cipanonna, kieu pokna : ”Raden! Bibi matur rebu laksa nuhun kana pangasih anjeun sakitu; mugi-mugi. Gusti Allah enggal-enggal males kana kasaean Raden, peupeuriheun bibi atuh henteu tiasa, da nya eta ku tina kamiskinan tea; bibi mah ngan tiasa nyantelkeun pikir bae, seja satia - satuhu ngangken anak dunya-akherat ka salira Raden.”
Saur Raden Ustama : ”Weu, Bibi! Eta mah sakitu lumayan bae minangka panarima Kuring. kana kahadean Bibi, kuring teh ayeuna mah asa boga indung bae; ngan hanjakal Abang Alip geus taya dikieuna; upama hirup keneh mah, meureun kuring teh beuki tambah-tambah bae nya gede hate, sabab tangtu boga indungbapa pulung anu rumawat ka kaula.”
Harita Raden Ustama di nagara Batawi teh ngaraos betah, nepi ka lali bae kana hayang mulihna ka dayeuh Bandung teh; ari anu jadi sabab, nyaeta : saperkara anjeunna kagungan ibu-pulung anu sakitu hadena, kadua perkarana di Batawi teh beuki tambah-tambah rame, loba keur panglejar galih, — katilu anjeunna geus kenging padamelan di hiji kantor-dagang, sarta gajihna cukup.” Ari anu dipalar ku anjeunna, nya eta geusan mulih ka Bandung teh, ulah nyoceng duit candakna ti panyabaan, sukur-sukur mun bisa nambahan.
Ari Bibi Minarsih ku anjeunna dipaparin modal keur ngawarung di hareupeun imahna, tamba taya pagawean, dagang kadaharan rupa-rupa. Kawantu manehna urut koki, nya ngarareunah pisan daganganana teh, kajojo ku sarerea.
Mimitina mah manehna dagangna teh leuleutikan bae, ngarah bati saduit sapeser. Tina misitna, ati-ati jeung pinter ngabatikeun, dina jero sabulan sesana anu diteda, geus sarua lobana jeung modal asal. Beuki lila dagangna beuki payu, nepi ka laun-laun mah manehna kapaksa kudu ngingu hiji batur awewe purah