Lompat ke isi

Kaca:Carios Raden Ustama - R. Ardiwinata.djvu/120

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

mantuan di warung; heuleut opat bulan deui lilana, eta baturna teh kudu ditambahan deui ku tilu awewe hiji lalaki, sarta warungna digedean. Di tukangeun warung manehna nyieun imah gede tur weweg sarta tegep, taya pisan cawadeunana.

Barang eta Bibi Minarsih geus ngarasaeun cukup, boga duit ratusan jaba modal dagang, haturan kieu ka Raden Ustama : ”Kahayang bibi ayeuna Raden montong didamel deui di kantor dagang, abot teuing padamelanana, coba mani ti enjing jeput dongkap ka wengi; hate bibi rarempan pisan, inggis aya jalma jahat nganiaya ka anjeun dina waktu keur mulih wengi. Ku timbangan bibi anjeun langkung sae ngilari deui padamelan anu langkung enteng.”

Eta pirempugna Bibi Minarsih teh ku anjeunna kamanah, tetela eta pagawean teh beurat teuing. Ku sabab kitu tuluy anjeunna ngadeuheus ka kantor gede, nyuhunkeun padamelan seseratan ka anu jadi pangagung di eta kantor.

Sabab mangsa harita di eta kantor tacan aya bangsa Pribumi anu digawe jadi jurutulis, anjeunna ku pangagung eta kantor ditampi sarta dipaparin balanja bulanan anu tangtu; enya oge ngan saeutik, tatapi ku anjeunna katimbang oge cukup keur nyombo-nyombo ka ibu-pulungna, tur padamelanana rada senang oge.

Geura nya aneh kacida ari lalampahan manusa, saperti eta Raden Ustama. Basana aya di Kaapstad, anjeunna peperenjeng hoyongeun geura mulih ka Bandung; ari geus sumping. ka Batawi, bet kagembang ku karamean nagara jeung ku kasenangan mendak padamelan anu tangtu, sarta kenging ibu-pulung anu kacida pisan hemanna. Jadi kaciri pisan, yen jalma, teh teu boga pangawasa, sumawonna kana karep batur, kana karep sorangan oge teu bisa nganteur salawasna.

Ayeuna Raden Ustama modalna basa Inggris geus henteu laku, sabab padamelanana di kantor teh make basa Walanda bae. Anjeunna saiasa - iasa diajar, tatapi sakumaha getolna oge, di jero satahun teh, tacan pati iasaeun sasauran, ngan saukur ngahartos jeung cukup keur nyalin konsep - konsep. Tatapi bubuhan anjeun-

104