Lompat ke isi

Kaca:Carios Raden Ustama - R. Ardiwinata.djvu/121

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

na aya di kantor gede, nya teu wudu bae saban poe teh aya tambahna.

 Sakapeung dina poe. Ahad atawa poe riaya, anjeunna sok sukan-sukan reujeung rencang-rencangna: sakantor, ngala lauk di Ciliwung atawa di laut. Beuki lila beuki loba kawawuhanana, meh saban poe tara petot kaanjangan. Ari bumen-bumenna nya tetep di imah Bibi Minarsih tea bae, Eta. Bibi Minarsih gumati pisan, sarta hade ngakuna ka anu ngaranjang ka Raden Ustama. Nya bubuhan ayeuna mah geus aya pakeun, susuguhna. oge salawasna hade.

 Eta sobat-sobat Badan Ustama, upama keur pinuju kumpul di imah Bibi Minarsih teh, tara ngandelkeun kana —panyunyuguhan bae, malah remen. barangbeuli kadaharan rupa-rupa ti warungna anu boga imah; eta ngajadikeun untung gede pisan ka Bibi Minarsih teh.

 Barang Raden Ustama geus kurang-leuwih aya dua tahun ayana di Batawi, Bibi Minarsih katarajang gering muriang panas, sarta beuki lila beuki payah. Dina jero limawelas poe, manehna geus henteu kuwanteun nangtung-nangtung acan, ngedeng bae di enggon. Raden Ustama hade pisan ngajagana, henteu weleh-weleh ngalandongan; malah-malah anjeunna ngala Dokter, tatapi geus kitu milikna Bibi Minarsih, manan cageur, anggur beuki payah.

 Dina hiji peuting wanci jam sawelas, eta Bibi Minarsih ngomong. pegat-pegat ka Raden Ustama,. kieu pokna ::”Raden! Ieu ema ayeuna geus ngarasa ripuh pisan, geus deukeut sarta ridla kana maot, ngan saperkawis pisan anu “dianggo kabeurat teh, nya Éta salira anjeun................"

 Ngan nepi ka sakitu ngomongana teh, geus henteu bisaeun terus, sabab kaselek ku ceurik, estu matak hawatir, inghak-inghakan semu anu nalangsa pisan. Kitu demi Raden Ustama harita nangis, cisocana munggah nyuruluk, tina banget nya ngahelas, ngadangu anu sasambat ka anjeunna. Geus kitu anjeunna sasauran kieu :”Ema, ulah dipake leutik pikir! Laun-laun oge ema bisa cageur deui cara baheula-bihari; jamakna ari nu gering mah sok loba kanalangsa; ayeuna mah anggur geura sare bae, jeung kudu

105