Lompat ke isi

Kaca:Carios Raden Ustama - R. Ardiwinata.djvu/122

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

nurut kana papatahna Tuan Dokter, supaya gancang cageur. Tada teuing kuring pibungaheunana, upama ema tereh-tereh cageur deui cara sasari; kuring boga panadaran, urang nyaraba ka Bandung, hayang nembongkeun ka baraya-baraya; yen boga indung-pulung anu heman lahir-batin.”

Tembalna Bibi Minarsih bari semu nalangsa pisan : ”Raden! Eta pangasih anjeun ka ema sakitu, ku ema kateda kasuhun pisan, mugi Gusti Allah kersa males kana kasaean anjeun. Ayeuna mah meungpeung ema hirup keneh, ieu ema masrahkeun babandaan kabeh katut artos dina jero peti alit, sadayana aya f 1500.—, eta sadaya ema hibat mutlak ka anjeun, ku tina ema ngaraos tiasa hirup cekap teh teu aya deui ngan ku lantaran anjeun. Sarengna deui, ku margi ema henteu gaduh baraya anu caket, upama ema maot, geus henteu ngaborongkeun. anjeun, ema pasrah dunya-akherat.”

Barang katilu poena, saentasna eta Bibi Minarsih papasrahan ka Raden Ustama, manehna geus henteu bisaeun ngomong deui, ngan panonna bae mureleng ka Raden Ustama, anu salilana aya di gigireunana, ngajaga beurang-peuting. Dina wanci jam dalapan sore, eta Bibi Minarsih les maot, katungkulan ku Raden Ustama pisan.

Cing sakumaha pinalangsaeunana Raden Ustama ditinggal maot ku ibu-pulungna anu sakitu hemanna ka anjeunna? Eta geus henteu perlu dicaritakeun deui, tangtu ku sakabeh anu maraos ieu buku oge kamaralum.

Isukna eta mayit Bibi Minarsih tuluy dipulasara dihade-hade pisan, nurut sakumaha biasa urang Islam, tuluy dihajatan nyusur tanah, tiluna, tujuhna, matangpuluhna jeung natus, sarta unggal peuting dipangngajikeun Qur'an ku santri-santri nepi ka tilu tamatan.

Ari babandaanana anu maot, ku tina taya pisan ahli-warisna, ku hukum-agama dipasrahkeun ka Raden Ustama, tina sakabeh jalma anu aya di eta kampung Katapang narerangkeun, yen sugihna eta Bibi Miharsih teh ku lantaran dimodalan ku Raden Ustama.

106