Lompat ke isi

Kaca:Carios Raden Ustama - R. Ardiwinata.djvu/123

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Barang-barangna sipat nyamu anu sok dipake ku Bibi Minarsih, ku Raden Ustama dihajat-hajatkeun ka pakir-miskin.

Ti saentas maot ibu-pulungna, Raden Ustama ngaraoseun keueung; sok mindeng hulang-huleng henteu puguh ragap, sumawonna ari ti peuting anjeunna beak karep nya henteu puguh rasa jeung nalangsana, ku tina basa keur aya keneh Bibi Minarsih mah, anjeunna sok sasauran rame jeung manehna; ari ayeuna tiiseun, estu cambewek pisan, katurug-turug warungna oge ditutup, da geus henteu aya anu metakeunana. Ti dinya Raden Ustama cengeng deui pang hoyong mulihna ka Bandung teh; tatapi henteu buru-buru jung, kudu nunggu heula aya rencang sasarengan di jalan, kawantu jaman baheula acan aya kareta-api jeung sajajalan ti wates Bogor nepi ka wates Cianjur, geus kasohor pisan loba begal anu maregat jalma-jalma lalar-liwat.

Kacaritakeun dina hiji poe, isuk-isuk meneran poe Ahad, Raden Ustama angkat ti bumina, seja nepangan sobatna di kampung Petojo. Barang sumping ka palebah losmen gede, anjeunna ningali hiji lalaki, papakeanana misah ti urang Batawi, kawas-kawasna bae urang Sunda. Tuluy ku anjeunna dideukeutan sarta dipariksa kieu ku basa Malayu : ”Maneh anu ti mana, kawas lain urang dieu ?”

Wangsul anu ditanya : ”Kuring urang Bandung, ti distrikt Banjaran.”

Raden Ustama : ”Saha nya ngaran ?”

Urang Bandung : ”Aswad!”

Raden Ustama : ”Iraha maneh datang, jeung saha nya batur.”

Aswad : ”Kuring ngiring Tuan Bokman ti Banjaran, nya di dieu di losmen nganjrekna, parantos kenging tilu dinten.”

Raden Ustama : ”Arek ngersakeun naon eta Tuan Bokman sumpingna ka dieu ?”

Aswad : ”Disaur ku pangadilan Yustitie, ari margina kieu : Parantos 4 sasih dongkap ka ayeuna, nalika eta tuan sareng hiji tuan anu sanes dina hiji pamoroan sasarengan sareng Kangjeng Dalem Bandung, eta dua tuan pacogregan, ger gelut, duka naon

107