Lompat ke isi

Kaca:Carios Raden Ustama - R. Ardiwinata.djvu/124

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

margina; jedod dunungan kuring (Tuan Bokman) diteunggeul ku pohpor bedil dongkap ka henteu eling, malah roa anu nginten pupus bae, neuleu harita sakitu payahna mah; tatapi anjeunna lami ti lami damang deui. Ayeuna perkarana bade diputus didieu.”

Raden Ustama : "Kaula meunang beja, yen ayeuna dayeuh Bandung geus pindah ka sisi jalan gede anu ti Cianjur ka Cirebon. Naha bener kitu?”

Aswad : ”Atuh eta mah parantos lami pisan; dongkap ka ayeuna parantos aya 8 tahun. Dayeuh Bandung kapengker ayeuna parantos narikolot, meh sadayana menak-kuring parindah ka dayeuh anyar. Eta dayeuh anyar tempatna sae tur rata; alun-alunna aya sakuloneun Cikapundung; ari kabupaten ayana sakiduleun alun-alun. Langkung sae tibatan keur di Dayeuhkolot (sisi Citarum).”

Raden Ustama : ”Tadi maneh nyaritakeun, yen kabeh menak-menakna ngaralih ti Dayeuhkolot ka Dayeuhanyar; kumaha maneh terang di hiji menak anu jenengan Raden Yudapraja?”

Aswad mencrong ka Raden Ustama, semu anu kaget, pedah aya urang Batawi nyahoeun di jenengan Raden Yudapraja. Tuluy manehna ngawangsulan : "Atuh kantenan terang mah, malah kuring sok sering sasarengan moro uncal sareng anjeunna; ayeuna anjeunna geus ngalih ka Dayeuhanyar, bumina di sakiduleun gedong kabupaten; malah samemeh kuring mios ka dieu oge, kuring ngahaja ngadeuheusan ka bumina, kasampak anjeunna keur tuang leueut jeung geureuhana di songko payun.”

Raden Ustama bungaheun kacida, matur nuhun Ka Gusti Allah, rehna anjeunna ayeuna geus kenging carita terang, yen ibu ramana masih araya keneh tur wilujeng; tatapi anjeunna henteu wakca ka Aswad, yen anjeunna putrana Raden Yudapraja; anggur tuluy mariksa deui : "Sabaraha hiji putrana eta Raden Yudapraja teh?”

Aswad : "Saawitana anjeunna kagungan putra dua, pameget sadayana; cikalna parantos jeneng, jadi Cutak di distrikt

108