Lompat ke isi

Kaca:Carios Raden Ustama - R. Ardiwinata.djvu/125

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Cisondari; — ari nu kadua jenenganana Raden Ustama, cariosna ka pengker parantos pupus dina pangperangan, waktu aya perang di antara urang Walanda sareng urang Inggris di Meester Cornelis.”

Raden Ustama : ”Euh, karah eta Raden Ustama teh kungsi jadi soldadu?”

Aswad: ”Sanes jadi soldadu ieu mah, mung kieu cariosna : Nalika Kangjeng Dalem Bandung angkat ka dieu ka Batawi, eta Raden Ustama ngiring. Tatapi barang Kangjeng Dalem mulih deui ka Bandung, anjeunna katinggaleun, ku margi ditahan di Pulo Unrus, katepaan panyakit sasalad.

Saparantosna Batawi kabawah ku urang Inggris, Kangjeng Dalem miwarangan tilu jalma mapagkeun Raden Ustama, tatapi eta tilu jalma meunang beja terang pisan ti soldadu di dieu, yen Raden Ustama geus pupus di pangperangan keuna ku pelor, malah kuburanana oge ku eta soldadu-soldadu teh dituduhkeun di sisi walungan, handapeun hiji kai gede di deukeut Meester Cornelis, make dicirian ku tilu batu bodas.”

Raden Ustama beak karep nya hoyongeunana gumujeng, meh henteu beunang diampeuh, sok komo-komo anjeunna teh ngelingkeun kieu :”Weu, ieu aing teh tangtu enggeus dihajatan tiluna, tujuhna, jeung saterusna; paingan bareto beuteung aing bet sok seubeuh tara puguh-puguh, behna mah meureunan geus pinuh bae ku aci kadaharan anu disidekahkeun tea.......!"

Tidinya Aswad naros ka Raden Ustama : ”Ari anjeun naon margina nu matak ngalelek-lelek mariksakeun jenengan Raden Yudapraja teh?”

Saur Raden Ustama : "Satemenna kaula jeung eta Raden Ustama teh, geus jadi sobat dalit naker, mindeng reureujeungan ulin, malah keur waktu anjeunna keuna ku pelor oge, kaula keur aya di gigireunana, da babarengan lalajo anu perang campuh ti kajauhan. Waktu mayitna Raden Ustama disiraman jeung dikaluat, kaula milu ngarasanan, sarta sering kaula oge neang kana kuburanana selang-selang tina pagawean.”

109