Aswad : ”Atuh kaleresan pisan ari kitu mah, Kangjeng Dalem kamari di astana caket Meester-Cornelis ubek-ubekan ngilari kuburan anu dicirian ku tilu batu bodas tea, namung weleh henteu kapendak; tayohna bae eta ciri kuburan teh aya nu mindahkeun, ku tina parantos sakitu lamina."
Raden Ustama ngarenjag bari gancang mariksa : ”Naha Kangjeng Dalem Bandung teh ayeuna linggih di dieu?”
Aswad : ”Sumuhun, reh disaur ku pangadilan Yustitie, jadi saksi perkawis Tuan Bokman tea, malah Raden Yudapraja oge, ramana Raden Ustama, ayeuna aya didieu ngiring Kangjeng Dalem : jabi ti ngiring teh sakalian maksadna sareng bade nyekar kuburan putrana.”
Raden Ustama ngejat kana handapeun tangkal asem, anu henteu pati jauh pernahna tidinya. Didinya anjeunna nyalindung, nangis segrak-segruk, ku tina kagagas pisan manahna; estu henteu nyanteneun naker yen harita ramana aya di Batawi, tur sakitu padeukeutna jeung anjeunna.
Sanggeus rada lemper manahna, jeung geus nyusutan cisoca, anjeunna nyampeurkeun deui ka Aswad, bari awad sasauran kieu: ”Panon kaula bieu kapireungpeunan ! Ari ayeuna Kangjeng Dalem Bandung jeung Raden Yudapraja teh di mana lalinggihna? Kaula daek nuduhkeun kuburanana Raden Ustama, jeung kaula hayang nyaho di ramana sobat kaula.”
Aswad : ”Ayeuna Kangjeng Dalem eukeur lenggah di kamar, nembe sumping mentas angkat-angkatan; ari Raden Yudapraja tadi aya di pungkureun losmen keur nguruskeun kuda titihan Kangjeng Dalem. Upami kersa mangga ku anjeun tepangan; anjeunna tangtos bingaheun pisan, reh patepang sareng sobat putrana.”
Bral Raden Ustama jeung Aswad ka pakarangan losmen, jalanna ngaliwat ka hareupeun kamar anu dilenggahan ku Kangjeng Dalem. Harita manahna Raden Ustama dug-deg pisan, geus asa gok bae patepang jeung ramana.
Aswad jeung Raden Ustama katingali ku Kangjeng Dalem, nu harita pinuju lenggah dina korsi-males di emper kamar. Anjeun-